He he he....leres bakating ku geumpeur sigana mah, sigana lancingana
baseuh geura eta pembawa acara teh.

ern

On Mon, Nov 24, 2008 at 8:50 PM, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Panganteur .
>  Jalaran di kantor oge padamelan teh tos pakepuk ngalieurkeun, di Kusnet mah
> bade hiburan wae. Kukituna punten upami ngintun seratan teh anu teu serieus.
>
> Para Domba
>
> Taun 1981, pribados kapapancenan janten supervisor KKN.Dina hiji waktos
> diulem ka hiji bale desa kangge nyaksian acara "penyerahan" domba inpres.
> Acara di desa tea, meh sadaya tokoh diperedih kangge biantara, diantawisna
> Bapa Sersan Mayor Ondi anu kalungguhanana janten "pembina desa". Pas bagean
> anjeuna, duka kunaon pembawa acara teh nyariosna rada pabeulit. Majar teh :
> "acara katiganyah (padahal harita usum ngijih), yaituh sambutan dari bapa
> pembina mayor selaku Ondi di desa inih". Ngadangu kekecapan kitu, pa kades
> langsung ngagebes. Pembawa acara siganamah ngadon tambah geumpeur.
> Pedah acara pembagian domba, ana celengkeung teh :" hapunten para
> domba......................................"
> 

Kirim email ke