Leres eta ari jalmi anu latah tanapi gehgeran sok sakapeung karunya ningalina..tapi umumna janten hiburan teu langsung...
On 11/25/08, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > he..he... > percanten kang, kalaman kukuring sorangan baheula basa jaman keur ngora. > > ------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------ > > "Pelatihan Pembinaan Mental" > > pernahna eta pelatihan teh di pusdikhub (pusat pendidikan perhubungan > angkatan darat) cimahi. > sabenernamah harita keur dina kaayaan gumbiran kulantaran kuring > sabatur-batur anu pada milu "pelatihan" nyaeta keur nyumponan salah sahiji > syarat diangkat jadi pagawe BUMN. > Rupa-rupa eusi pelatihan teh diantarana: > -Latihan pangaweruh (wawasan nusantara, uud45, balatkom jrrd..) > -Latihan kanuragan/jasmani (baris, lumpat, pus'ap, sekotjam, ngojay > dikolomberan he..he.., jurit malam jrrd). > > hiji mangsa cunduk kan poe ngalaksanakeun latihn merayap tambang + turun > tebing. > kakara latihan bobodoan (simulasi) di buruan barak. Mangsa latihan "merayap > tambang" kaasup lancar dilakonan kukuring saparakanca, bubuhan > anggang/luhurna tambang tina taneuh teh ngan kira-kiran satangtung, > panjangna aya kana lima deupa mah. jadi siggetna latihan babak ka hiji > LANCAR. > orokaya latihan babak ka dua "turun tebing" matak gimbir keur kuring mah > eta wae tempat latihan (munara/tower) teh luhurna meni luhur pisan ceuk rasa > mah leuwih luhur ti tangkal kalapa pang luhurna (ceuk kuring anu geumpeur > tea he..he..) > sok sanajan kitu ari pikaseurieun mah loba pisan lamun nitenan paripolah > babaturan kuring anu sarua papada geumpeurna. > kieu geura : > hiji katangtuan di milityer lamun rek ngalakukeun naon wae oge kudu lapor > heula, > contona: > si Atang rek miiti latihan merayap tambang. "lapor siswa Atang siap merayap > tambang" > > waktu keur latihan turun tebing, loba pisan pikaseurieun: > > S=siswa, K=komandan > S1: "lapor..lapor........lapor" (memerememan) > K : "lapor apa goblok ngomong yang jelas" > > S2:"lapor siswa S2 mohon ijin ke toilet" > K : "ari maneh iraha rek ngamimitian latian kalah ka ka toilet wae?" (bari > rada mesem, bubuha eta siswa teh menta izin ka toilet geus ka-5 kalina) > > S20(kuring), giliran kuring pisan lumayan geus loba tetenjoan/palajaran > tinu lian. > jadi......angger wae geumpeur oge (he..he.. dasar borangan), tapi najan > kitu hate di-teger2-keun, niat di-buleud2-keun > > S20: "LAPORRR.. " ceuk kuring sorana bentes tur boga sima bubuhan geus 7x > ka toilet., bari angger wae tuurmah ngeleter. > S20(terusna): siswa soni siap turun TERRRBING" cigana letah kuring oge > ngageter oge. > > he..he..jadi nu latihan panungtungan poe eta teh lolobana mah anu latihan > "turun tERRRbing" > > baktrrros > soni > www.bolotot.com > > > > > > > > > > ----- Original Message ----- > *From:* Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> > *To:* [email protected] ; kisunda <[EMAIL PROTECTED]> > *Sent:* Monday, November 24, 2008 8:50 PM > *Subject:* [Urang Sunda] domba deui > > Panganteur . > Jalaran di kantor oge padamelan teh tos pakepuk ngalieurkeun, di Kusnet > mah bade hiburan wae. Kukituna punten upami ngintun seratan teh anu teu > serieus. > > Para Domba > > Taun 1981, pribados kapapancenan janten supervisor KKN.Dina hiji waktos > diulem ka hiji bale desa kangge nyaksian acara "penyerahan" domba inpres. > Acara di desa tea, meh sadaya tokoh diperedih kangge biantara, diantawisna > Bapa Sersan Mayor Ondi anu kalungguhanana janten "pembina desa". Pas bagean > anjeuna, duka kunaon pembawa acara teh nyariosna rada pabeulit. Majar teh : > "acara katiganyah (padahal harita usum ngijih), yaituh sambutan dari bapa > pembina mayor selaku Ondi di desa inih". Ngadangu kekecapan kitu, pa kades > langsung ngagebes. Pembawa acara siganamah ngadon tambah geumpeur. > Pedah acara pembagian domba, ana celengkeung teh :" hapunten para > domba......................................" > > >

