kadang-kadang urang sok 'sadis', ngehkey seuri, nyeungseurikeun batur nu katalangsara. puguh tea batur teh keur geumpeur, tuur nyorodcod, kesang ngucur sa-awak-awak, bakat ku kasima, sawer-wereun rek ngompol. ieu 'penderitaan' teh teh kalah jadi bahan pikaseurieun urang nya. tapi da kumaha nya, eta teh sok reflek, emosi urang leuwih ti heula ngarespon, tinimbang rasio. kulantaran kitu, ieu seting teh sok ditiru ku tukang lawak, ngahaja pepeta adug lajer ngagambarkeun jelema geumpeur, keur ngondang pikaseurieun nu lalajo.
salam, mh On Tue, Nov 25, 2008 at 8:03 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Leres eta ari jalmi anu latah tanapi gehgeran sok sakapeung karunya > ningalina..tapi umumna janten hiburan teu langsung... > > On 11/25/08, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> >> >> he..he... >> percanten kang, kalaman kukuring sorangan baheula basa jaman keur ngora. >> >> ------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------ >> >> "Pelatihan Pembinaan Mental" >> >> pernahna eta pelatihan teh di pusdikhub (pusat pendidikan perhubungan >> angkatan darat) cimahi. >> sabenernamah harita keur dina kaayaan gumbiran kulantaran kuring >> sabatur-batur anu pada milu "pelatihan" nyaeta keur nyumponan salah sahiji >> syarat diangkat jadi pagawe BUMN. >> Rupa-rupa eusi pelatihan teh diantarana: >> -Latihan pangaweruh (wawasan nusantara, uud45, balatkom jrrd..) >> -Latihan kanuragan/jasmani (baris, lumpat, pus'ap, sekotjam, ngojay >> dikolomberan he..he.., jurit malam jrrd). >> >> hiji mangsa cunduk kan poe ngalaksanakeun latihn merayap tambang + turun >> tebing. >> kakara latihan bobodoan (simulasi) di buruan barak. Mangsa latihan >> "merayap tambang" kaasup lancar dilakonan kukuring saparakanca, bubuhan >> anggang/luhurna tambang tina taneuh teh ngan kira-kiran satangtung, >> panjangna aya kana lima deupa mah. jadi siggetna latihan babak ka hiji >> LANCAR. >> orokaya latihan babak ka dua "turun tebing" matak gimbir keur kuring mah >> eta wae tempat latihan (munara/tower) teh luhurna meni luhur pisan ceuk rasa >> mah leuwih luhur ti tangkal kalapa pang luhurna (ceuk kuring anu geumpeur >> tea he..he..) >> sok sanajan kitu ari pikaseurieun mah loba pisan lamun nitenan paripolah >> babaturan kuring anu sarua papada geumpeurna. >> kieu geura : >> hiji katangtuan di milityer lamun rek ngalakukeun naon wae oge kudu lapor >> heula, >> contona: >> si Atang rek miiti latihan merayap tambang. "lapor siswa Atang siap >> merayap tambang" >> >> waktu keur latihan turun tebing, loba pisan pikaseurieun: >> >> S=siswa, K=komandan >> S1: "lapor..lapor........lapor" (memerememan) >> K : "lapor apa goblok ngomong yang jelas" >> >> S2:"lapor siswa S2 mohon ijin ke toilet" >> K : "ari maneh iraha rek ngamimitian latian kalah ka ka toilet wae?" >> (bari rada mesem, bubuha eta siswa teh menta izin ka toilet geus ka-5 >> kalina) >> >> S20(kuring), giliran kuring pisan lumayan geus loba tetenjoan/palajaran >> tinu lian. >> jadi......angger wae geumpeur oge (he..he.. dasar borangan), tapi najan >> kitu hate di-teger2-keun, niat di-buleud2-keun >> >> S20: "LAPORRR.. " ceuk kuring sorana bentes tur boga sima bubuhan geus 7x >> ka toilet., bari angger wae tuurmah ngeleter. >> S20(terusna): siswa soni siap turun TERRRBING" cigana letah kuring oge >> ngageter oge. >> >> he..he..jadi nu latihan panungtungan poe eta teh lolobana mah anu latihan >> "turun tERRRbing" >> >> baktrrros >> soni >> www.bolotot.com >> >> >> >> >> >> >> >> >> >> ----- Original Message ----- >> From: Ganjar Kurnia >> To: [email protected] ; kisunda >> Sent: Monday, November 24, 2008 8:50 PM >> Subject: [Urang Sunda] domba deui >> >> Panganteur . >> Jalaran di kantor oge padamelan teh tos pakepuk ngalieurkeun, di Kusnet >> mah bade hiburan wae. Kukituna punten upami ngintun seratan teh anu teu >> serieus. >> >> Para Domba >> >> Taun 1981, pribados kapapancenan janten supervisor KKN.Dina hiji waktos >> diulem ka hiji bale desa kangge nyaksian acara "penyerahan" domba inpres. >> Acara di desa tea, meh sadaya tokoh diperedih kangge biantara, diantawisna >> Bapa Sersan Mayor Ondi anu kalungguhanana janten "pembina desa". Pas bagean >> anjeuna, duka kunaon pembawa acara teh nyariosna rada pabeulit. Majar teh : >> "acara katiganyah (padahal harita usum ngijih), yaituh sambutan dari bapa >> pembina mayor selaku Ondi di desa inih". Ngadangu kekecapan kitu, pa kades >> langsung ngagebes. Pembawa acara siganamah ngadon tambah geumpeur. >> Pedah acara pembagian domba, ana celengkeung teh :" hapunten para >> domba......................................" >

