basa sunda, bu haheula, kaitung saeutik. tapi tangtuna cukup pikeun nuliskeun atawa nyaritakeun sagala rupa perkara sunda. sabab tangtuna basa dijieun pikeun ngonci atawa ngadokumentasi sagala rupa budaya nu aya di adat suradat sunda.
saeutik memang. tapi mahi. dina conto teu loba kembangna sanajan aya kembangna nu dibatur mah euweuh. siga kecap panganteb, teh, mah, tea. conto saeutik tapi mahi, hiji kecap bisa dioprek jadi kecap sejena. bisa jadi mangaruhan basa nasional. tina kecap peuting (wengi, malam, night) peuting, meuting (ngendong) dipeutingkeun (diantep sapeuting) dipeutingan, (diendongan) kapeutingkeun, kapeutingan, (kemalaman) kapeutingnakeun (malamnya) sapeupeuting (semalaman) poe kapoe dipoe (basa nasional, dijemur) sapoe kapoenakeun sapopoe ruang, rohang diruang (dikubur) ngaruang saruang -- mangga teraskeun

