Kocap carita di hiji leuweung  gonggong simagonggong aya sakadang peucang jalu
nu umurna keur meujeuhna buta tulang buta daging. Teu jauh tina
panganjrekanana, natangga jeung sakading maung bikang anu masih lalagasan
keneh. (sebutan sakadang keur maung jalu, keur nu bikangna tangtuna sakading
lin?) .

Najan panganjrekanana padeukeut, abong sato jajauheun tina
hirup rukun tumaninah akur jeung tatangga ngalap silaturahim,

Si  peucang salila ieu
geus jadi target sakadang maung pikeun calon eusi peujitna, ngan kusabab geus
kasohor pinterna tea, s ipeucang  bisa
lolos tina Buru sergapna sakadang maung.Najan
salila ieu bisa salamet, teu burung sipeucang ripuheun  dina usaha ngaloloskan 
dirina. Dina hate
sipeucang geus nyangkaruk rasa dendam kesumat ka sakading Maung, da eta meureun
sok diudag-udag bae rek diarah pati.Kitu deui dina hate sakading maung,aya rasa
kapanasaran,kunaon cenah sipeucang bisa lolos tina ilmu BUSER indung bapana.
Rek disebut kurang canggih pan geus kabuktian sabaraha puluh cenah sato nu geus
jadi eusi peujitna dikerekeb kumanehna, timimiti sato leutik hayam leuwueung
unggah ka kelelenci nepkeun ka uncal 
geus bisa beunang kumanehna.       

            Hiji waktu
teuing kumaha mimitina sakading maung teh awakna  kacangreud ku areuy, najan 
adug-adugan bari gegerungan
hayangeun lesot weleh teu bisa malah katempona kalahka beuki pageuh.meulit awak
jeung suku hareupna  Cape balas usaha
malar lolos awak,tungtungna sakading maung the ngahuleng bari sakapeung mah.
Guram gerem.

Ti Beulah kaler katempo sakadang peucang ngalenghoy bari heheotan teuing  
ngalagukeun lagu Tongtolang Nangka teuing lagu
Es lilin teu patij elasjeung rada fals deuih ongkoh...Barang srog katempat si
sakading maung keur camparego, manehna reuwaseun,gancang luncat nyumput dna
rungkun anu rada rembet. Manehna geus apaleun lamun paamprok jeung sakading
maung siga kitu pasti manehna bakal diudag-udag

Najan nepi ka wanci kiwari manehna bisa salamet ku ngalap
kana  jurus “langkah sarebu” alias kabur ngacir
tea,.  teu burung  awak jibrug ku kesang, jeung angen ratug.
Tah, sareureuh beak kareuwas, manehna ngintip tina rungkun, ngarepkeun sakading
maung gancang ingkah ti tempat eta,  tapi
katempona.si sakading teh kalah cicing keneh.. Ditungguan rada lila, terus
diintip deui,ihhh cenah  naha geuning teu daekeun
ingkah tah si sakading teh , kalahka kekerejetan. Lila-lila sakadang peucang
jadi panasaran kunaon sakading maung teu ingkah-ingkah kalahka kekerejetan bagi
gerang gerung. Tuluy manehna ngeteyep pindah kana rungkun anu rada deukeut
jeung tempatna sakading maung  .aya kana dua
tilu kali pindahna teh. Barang  geus
deukut , bari
masih keneh nyumput dina rungkun, katempo kumanehna sidik ayeuna mah naon
sababna sisakading maung teu ingkah-ingkah alatan kaeurad aruey awakna. Geus
yakin kitu mah ,sakadang peucang kaluar ti panyumputanana. Rada legeg
jeung  bari dedeheman,manehna nyampeurkeun sakading
maung. Nempo kitu sakading maung maung  najan keuheuleun ngan ukur bisa 
gegereman we .da
puguh teu bisa walakaya tea.. Bari
tetep waspada sakadang peucang 
nyampeurkeun beuki deukeut, geus yakin yen sakading  maung geus teu bisa usik, 
serengeh manehna
seuri barin ngagerentes dina hatena :”walakadalah ayeuna siah aing rek males 
pati
eh males kanyeri hate balas sok diudag-diudag ku sia teh   

Didieu sakadang peucang kaluar sifat harak alias bengalna,
manehna ngeleketek cangkeng nepi kana beuteungna sakading maung .Atuh puguh we
eukeur mah teu bisa walakaya, kari-kari ieu awak aya nu ngeleketek, .si
sakading ngan ukur bisa gegereman dicampur ku getek. Sakapeung gegereman 
ambekeun,
sakapeung deui cacalakatakan balas getekeun ( Sok baraya  bayangkeun ku urang 
kumaha lamun urang ambek
diheureuyan batur, tapi teu walakaya dicampur ku getek).

Sakading maung bari
nahan keuheul jeung getek, ngagerentes dina hatena :” Awas siah Cang, aing
janji engke mah saupama aing moro sia rek diakalan satekah polah moal bisa
lolos siah, ku aing  rek didahar
diselewegeun”. Anu diumpat  terus we
ngeleketek, hayanganeun puas sigana. Lila-lila boseneun oge tah s sakadang teh,
reg eureurn ngeleketek terus kahareupeun sakading maung, jetut kumis sakading
dicabut, atuh gerung sakading maung ngagaur. Bari lajag lejeg sakadang peucang, 
mikir
dinaonkeun deui cenah ku aing yeuh keur males kakeuhueul teh . Tah didieu 
porengesna
sakadang peucang datang,  gajleng manehna
kana bujur sakading terus “ditumpakan”
rada lila..Mimitina mah si sakading rada adug-adugan, teuing nyerieun teuing
getekeun, tapi lila-lila mah kalahka ngahenen geuning. (Lebah dieu mah baraya
moal diajak ngabayangkeun ah,  kunaon tah
si sakading maung ngahenen…)

            Poe kapoe,
bulan ka bulan teu karasa geus aya 
sataunna leuwih,  ayeuna sakading
maung geus boga anak .Tuh ayeuna oge katempo sakading maung  keur ngalenghoy 
leumpang dituturkeun ku maung
leutik disagigireunana..Maung leutik nanya :”Mih..mamih, bade diajak kamana
atuh ujang ayeuna teh ?” Dijawab ku sakading maung :” Apan Mamih tos janji
bade  ngajar ujang moro sato keur
dahareun urang!” “Oh kitu mih !”  ceuk
maung leutik bari
ngiclik nuturkeun.(Euh baraya, geus anakan gunning si sakading teh ayeuna mah)
. Reg indungna eurueun diturutan ku anakna, terus depa dina rungkun bari 
keketeyepan. Dihareup
katempo aya kelenci keur jonjon nyatuan jukut, teu apaleun kana rekdatangana 
marabahaya.
Gajeng sakading maung ngudag kelenci, sakilat geus beunang,tapi teu langsung
dipaehan, ngan ukur ditatuan. Geus kitu dileupaskeun deui bari mere tanda 
sangkan anakna ngudag
kelenci., Berebet anak maung ngudag kelenci, teu kungsi lila geus beunang da 
kelenci
geus teu pati lingas deui. Kitu jeung kitu we ampir unggal poe si Sadakading
maung ngawarah anakna. Ti mimiti moro sato leutik bangsaning hayam leuwueung
atawa beurit nepikanu rada badag saperti uncal najan ari sato nu rada gede kieu
mah masih dibantuan ku indungna. 

Hiji poe teuing kumaha deui bae  mimitina, ayeuna mah bagian si sakadang
peucang nu kacangreud areuy lebah sukuna. Kitu deui wae najan peucang kasohor
loba akalna, palebah cagreud suranggreud mah angger we teu bisa 
walakaya..Sanggeus
beak dengkak usaha ngaloloskeun awak,tungtungna si sakadang pasrah, ngan
katempo sungutna kunyam kunyem ngadoa sigana mah.

Ti Beulah kidul sakading maung jeung anakna laleumpang  saperti poe saencanna 
rek barang siar keur
ngubaran beuteungna nu lapar. Anak maung katempo guligah lncah, bari leumpang 
uclang
acleng,  sakapeung berebet manehna lumpat
miheulaan indungna terus balik deui.. Ari sakading maung teuing kunaon katemnpo
rada ngungun henteu berag sapert biiasana,.manehna mah jonjon we tungkul teu
pati malre kalakuan anakna..Lebah 
peucang nu keur  teu
walakaya,   ngarasa geus piawai tanpa
nunggu  deui komando indungna,
sebrut  anak maung ngaburu kaarah
sakadang peucang. Ningali anakna nyebrut rek moro peucang bari geus awas kana 
calon korbanna.ana
gerewek the  sakading maung mani tarik
pisan:  “Ujaaaang, ulah siah, eta mah
bapa siaaaa !!!!”

Cag ah!!!!

 

Wa Aang
--- 


 

  --




      Pemanasan global? Apa sih itu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! 
http://id.answers.yahoo.com

Kirim email ke