Abdi panuju kana pamendak Ua Aang.....yen basa Sunda mah bahasa rasa... Conto anu rada jero...... Panon jeung awasna...... Irung jeung Ambungna.... Rasa-rumasa-tumarima................... sabeundeul...nyarioskeun kaayaan rasa... Katampa-karasa jeung katarima.... sabeundeul...nyarioskeun panarima...
Cag ah... Wass : @mmt ----- Original Message ----- From: Aang Wahyono To: [email protected] Sent: Monday, December 15, 2008 5:20 PM Subject: Re: [Urang Sunda] (basa) saeutik oge mahi Panuju, basa sunda saeutik tapi mahi,eta nandakeun basa sunda mah beunghar tur jembar. Ari uing mah ari ngabahas siga nu kieu teh sok ras inget kanu jadi Bapa nu ayeuna geus aya di alam kalanggengan. Anjeunna kungsi nyarios ka uing tina bagbagan basa sunda . Saur anjeunna basa sunda mah basa rasa, hartina basa sunda mah ngabasaan sagala barang atawa polah disaluyukeun jeung rasa , nu karasa jeung nu dirasakeun. Sok geura urang nyokot conto, upamana urang ngomong pagawean nyiwit nyaeta pagawean nganyerikeun batur ku jalan ngajepitkeun indung leungeun jeung curtuk kana bagian awak nu diciwit. Perihal nyiwit ieu bakal jadi rupa-rupa pibasaeunana gumantung kana cara ngalakukeun nyiwitna. Geura pek bandungan kieu Nyiwit = nu dijepitna saeutik tapi matak nyeri karasana ngajeletit Ngajembel = nu dijepitna rada kandel karasana ngajaletot Conto lain nu rada lengekep pama ngabasaan kecap labuh, ngalap kana kajadiannana bakal rupa-rupa basana , pamana Titotolonjong = rek labuh akibat nabrak atawa ditabrak arahna ka hareup Tisoledat = rek labuh tapi teu jadi dina lahan nu datar,akibat nincak nu leueur Nangkarak bengkang = labuh kalawan posisi awak nangkarak Tikusuruk = labuh kalawan poisis awak nangkub Tigubrag = labuh kalawan ngadadak Tiporos = labuh suku nu nincak lubang Tikosewad rek labuh dina lahan nu miring pamana galengan sawah Tikojengkang = labuh katabrak atawa nabrak arahna katukang Kecap labuh ngalap kana akibatna Ngageblug = labuh ka handap rada tarik Nangkarak bengkang = labuh kalawan posisi awak nangakarak Nyuuh = labuh kalawan posisi awak nangkuban Tangtuna upamidikotektak seueur keneh conto-contona. Kumaha tah MJ sareng Wa SAS? mangga ulas anu langkung jero mala mandar aya pulungeun keur baraya nu sanes,der ah! Wa Aang (dikubur) ngaruang saruang -- mangga teraskeun . ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta ***************************************** ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta *****************************************

