Panuju, basa sunda saeutik tapi mahi,eta nandakeun basa
sunda mah beunghar tur jembar.

Ari uing mah ari ngabahas 
siga nu kieu teh  sok ras inget
kanu jadi Bapa nu ayeuna geus aya di alam kalanggengan. Anjeunna kungsi nyarios
ka uing   tina bagbagan basa sunda . 

Saur anjeunna basa sunda mah basa rasa, hartina basa sunda
mah ngabasaan sagala barang atawa polah disaluyukeun jeung rasa , nu karasa
jeung nu dirasakeun. Sok geura urang nyokot conto, upamana urang ngomong
pagawean nyiwit nyaeta pagawean nganyerikeun batur ku jalan ngajepitkeun
indung leungeun jeung curtuk kana bagian awak nu diciwit. Perihal nyiwit ieu
bakal jadi rupa-rupa pibasaeunana gumantung kana cara ngalakukeun
nyiwitna. Geura pek bandungan kieu

Nyiwit
= nu dijepitna saeutik tapi matak nyeri 
karasana ngajeletit

Ngajembel
= nu dijepitna rada kandel karasana ngajaletot

Conto lain nu rada lengekep pama ngabasaan kecap labuh,
ngalap kana kajadiannana bakal rupa-rupa basana , pamana 

Titotolonjong
= rek labuh akibat nabrak atawa ditabrak arahna ka hareup

Tisoledat  = rek labuh tapi teu jadi dina lahan nu
datar,akibat nincak nu leueur

Nangkarak
bengkang = labuh kalawan posisi awak nangkarak

Tikusuruk
= labuh kalawan poisis awak nangkub

Tigubrag  = labuh kalawan ngadadak  

Tiporos
= labuh suku nu nincak lubang  

Tikosewad  rek labuh dina lahan nu miring pamana
galengan sawah

Tikojengkang
= labuh katabrak atawa nabrak arahna katukang

Kecap labuh ngalap kana akibatna 

 Ngageblug = labuh ka handap rada tarik

            Nangkarak
bengkang = labuh kalawan posisi awak nangakarak

Nyuuh   = labuh kalawan posisi awak nangkuban

 

Tangtuna upamidikotektak seueur keneh conto-contona.

Kumaha tah MJ sareng Wa SAS?  mangga ulas anu langkung jero mala mandar aya
pulungeun  keur baraya nu sanes,der ah!

 

Wa Aang 


---







 
 

 
basa sunda, bu haheula, kaitung saeutik. tapi 
tangtuna cukup pikeun nuliskeun atawa nyaritakeun sagala rupa perkara sunda. 
sabab tangtuna basa dijieun pikeun ngonci atawa ngadokumentasi sagala rupa 
budaya nu aya di adat suradat sunda.
 
saeutik memang. tapi mahi. dina conto teu loba 
kembangna sanajan aya kembangna nu dibatur mah euweuh. siga kecap panganteb, 
teh, mah, tea.
 
conto saeutik tapi mahi, hiji kecap bisa dioprek 
jadi kecap sejena. bisa jadi mangaruhan basa nasional.
 
tina kecap peuting (wengi, malam, 
night) 
peuting, 
meuting (ngendong) 
dipeutingkeun (diantep sapeuting)
dipeutingan, (diendongan)
kapeutingkeun,  
kapeutingan, (kemalaman)
kapeutingnakeun (malamnya)
sapeupeuting (semalaman)
 
 
poe
kapoe
dipoe (basa nasional, dijemur)
sapoe
kapoenakeun
sapopoe
 
ruang, rohang
diruang (dikubur)
ngaruang
saruang
 
 
--
mangga teraskeun
 
 




      Terhubung langsung dengan banyak teman di blog dan situs pribadi Anda? 
Buat Pingbox terbaru Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/

Kirim email ke