Insya Alloh ari kana ludeungan mah urang kidul mah rada wanian da basa 
dilahirkeun oge ngan sorangan.katambih sigana kapecretan ti ki murtala, he.. 
he...                        Sandingna palih mana ? kolam renangna masih aya 
kitu ? Sok nineung ari ka Garut teh tos seueur perobihan.
 
Tahun 1978 dugi ka 1982 mah sim kuring oge kantos di garut, tepatna di jalan 
kabupaten pengkereun apotek sari pami ti jalan ahmad yani mah.
 
Malih kantos lebet persatuan sepakbola waktos harita, nami klubna teh  " 
Perkasa " anu ampir tiap minggu sok ngaben ka kacamatan-kacamatan sabudereun 
kota garut, malih dugi ka caringin-cisewu.
 
Pamaena jaman harita kang kirman ( pamain persigar ), kang jajang surya, kang 
enung, jang utung, kang jimmy anu moskona sok di bumina kang enung pengkereun 
masjid agung garut. kumaha daramang tah urang garut ?
 
Sami kang kumincir ( aeh akang kitu ? atawa ayi ? ) , sim kuring oge sami  nuju 
kuli.
mudah-mudahan sawaktos-waktos urang tiasa patepang, ari sami-sami asgar mah, 
sok sanajan sim kuring mah asgar nyingcet !
tos ach ....
Baktosna ti
 
Muyabasebu




      Firefox 3: Lebih Cepat, Lebih Aman, Dapat Disesuaikan dan 
Gratis.http://downloads.yahoo.com/id/firefox

Kirim email ke