2009/1/8 Maman Gantra <[email protected]>: > Kenging maok tina HUNTING KULINER DAN SAMARA SUNDA facebook. Seratan Sdrk. > Agus S Anwar. Punten teu disundakeun. > > Baktos, > > MGT > > ======================== > Di kalangan masyarakat, khususnya orang sunda, jengkol merupakan makanan > populer yang banyak penggemarnya. Biji jengkol biasa dimakan segar atau > diolah dalam bentuk isemur, dan dikenal oleh orang Sunda sebagai semur ati > maung atau oseng buah naga).
Upama madungdengkeun perkara jengkol, nu sering katempo ku uing aya kesan, saolah-olah jengkol leuwih populer di kalangan urang Sunda dibandingkeun seler sejenna. Padahal nu kaalaman ku uing dina kahirupan, jengkol lain ngan ukur populer di kalangan urang Sunda hungkul, tapi populer oge di seler-seler sejenna. Sakadar conto, lamun di pangumbaraan sono kana jengkol, nyimpang we ka warung padang, sok aya wae rendang jengkol. Kuring boga balad urang Batak, kabeneran jaman keur masantren di Depok, diburuan imah kontrakan aya tangkal jengkol. Tah si eta mah jengkol anyar ngala na tangkal teh, terus we dikeremus sapada harita. Sejen deui jeung urang Borneo kidul, jengkol teh cukup dikulub we sababaraha rintakan, nepi ka bauna leungit. Eta kulub jengkol teh dihuapkeun jeung galendo, keur cemilan. salam, mh

