--- Pada Kam, 8/1/09, M
Teu salawasna salah teh goreng, hoyong terang buktina ?
Sim kuring anu nembean diajar, satadina mah bade nepungan Bang Bahtiar ahli  
Cekungan Bandung tea nu tos kasohor ,  manawi teh ieu alamat emailna, sim 
kuring anu nuju diajar tea kumawantun hoyong curhat ka anjeuna, ari buktosna 
gening seratan sim kuring  nyasab ka komunitas urang sunda. Ah teu nanaon bade 
sakantenan  wae silaturahim  sareng sadayana wadia balad komunitas urang  sunda 
sakuliah dunya, da sami sim kuring oge urang sunda.
 
Sim kuring asli urang sunda, kawit ti Padataran Garut Kidul anu katelah 
Kandangwesi ayeuna mah Bungbulang tea, tempatna Ki Murtala, Aki Mursid, 
sareng  Si Ruyung Kawung dina carios serial Jaka Santang sareng Kujang 
Rompangna.
 
Ti kawit kaluar SMP tos ngalalana ka luar ti Kandangwesi, malih mah kantos rada 
lami di Bumi Serasan Sekate bagian ti Bumi Sriwijaya alias Sumatera Selatan tea.
 
Ti taun 1990 dugi ka ayeuna netep di Kabupaten Bandung, kirang langkung 10 Km 
ti Pusat Kota ka palih Kidul Bandung, persisna mah di Katapang Soreang.
 
Tapi da ari ka lembur mah tara hilap, sakantenan wae bade tumaros aya kitu 
urang kandangwesi anu gabung sareng komunitas urang sunda ? Salam kenal wae ka 
sadayana, mudah-mudahan ngalangkungan media ieu urang tiasa shering, anu ahirna 
tiasa nambihan pangalaman urang sadayana.
 
Cag ah, sakieu wae heula bilih cangkeul macana ! Ke kapayun urang sambung deui.
Wass  Sim Kuring
 
Ki Muhdar Thea


      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke