GONJANG-GANJING ARTIKEL IBRAHIM SANG NABI

        Aya tungtunan, cenah urang Islam teu kenging diajar kitab Injil teh aya 
dua alesan, nu kahiji, bilih dina eta kitab Injil aya hal-hal anu memang leres 
cocok jeung akidah Islam tapi ku urang dilepatkeun, anu kaduana bilih dina eta 
kitab Injil aya hal anu teu leres atanapi patukang tonggong sareng akidah Islam 
ku urang dilereskeun. Upami kitu kajantenana, janten duanana oge lepat, sangkan 
aman pikeun akidah ka Islaman katut kaimananana, urang teu kedah diajar eusi 
kitab Injil, kitu dina tungtunan teh.
        Nanging rupina benten pasualanana, upami para mahasiswa diajar dina 
mata kuliahna, perkawis ”perbandingan agama”, eta mah tos diluar jejer pasualan 
ieu, teu kedah janten hemeng.
        Angkeuhan urang, utamina urang Sunda, samangsa-mangsa urang Sunda, 
pasti weh muslim, kapungkur mah memang kitu, nanging ayeuna mah henteu kitu, 
margi seueur urang Sunda ayeuna, anu agemanana sanes Islam, aya nu Protestan, 
nu Katholik, nu Sunda Wiwitan, nu Budha Nu Hindu nu Kong Ho Cu ge boa aya, 
malah kapan teu sakedik nu teu beragama pisan balatak.
        Contona bae, di daerah Kuningan, masarakat Sunda anu tadina masyarakat 
Madrais, kapan dirangkulna teh ku Katholik, da ku urang Islamna harita ngadon 
dibuburak, atuh lalebet Kristen, malah kapan aya nu janten Pendeta sagala, 
hotbahna ? nganggo basa Sunda, jaba lemes pisan deuih, ragam hormat, di Bandung 
TV, sering siaran langsung. 
Aya deui di daerah Lembang, sareng di daerah Ciwidey wewengkon Gambung, aya 
missionaris anu nyepeng daerah operasi didinya, nyebatna ge kapan ”Poros 
Ciwidey – Gambung” rupina aya panginten urang Sunda nu tos lebet agama 
maranehna, barudak remaja nu nuju pariknik di Lembang, di Situ Pantengan kapan 
seueur nu kapincut ku propaganda maranehanana.
Malih di antawis jalan Cimahi dugi ka Cisarua Lembang, aya Wihara anu agreng 
kacida, nalika aya pembagian beras miskin, kapungkur, langkung santun tah 
masihkeunana teh, upami nu miskinna teh sepuh komo mun nini-nini mah, ku 
panitiana teh dipanggul beasna dijajapkeun dugi kana beca, panitia di urang mah 
kapan boro-boro mangmanggulkeun, masihkeunana ge bari baketut haseum.
Aya deui di daerah Ciranjang, wewengkan Sipon Dua, kapan pagiling-gisik didinya 
mah antawis masjid sareng gereja teh, teu mustahil tos aya urang sunda nu lebet 
janten Protestan-na.
Di Cipatujah, kapan ayeuna mah ngajegir Gereja, teu mustahil oge, aya urang 
Sunda tos biluk ka agama maranehanana, da kabebenjokeun ku Super Mie tea.
Tos kantenan barudak rumaja putri mah, nu tos biasa dijilbab teh kapan ngahaja 
ditikah ku maranehna, engke satutasna ditikah mah diarajak weh ngagem agama 
maranehna.
Atuh nu teu nyepeng agama pisan, kapan teu sakedik disabudeureun urang ge 
balatak.
Wangsul deui kana jejer carios, janten upami tea mah dina ”Millis” aya sakedik 
nu memper-memper kana propaganda eta, jigana kedah wayahna we, ari nu janten 
masalah, bongan we Millis na oge kapan keur urang Sunda, sedeng urang Sunda 
tea, saur tadi ge pan teu sadayana Islam, atuh pantes kacida upami urang Sunda 
ti luar Islam ge, jigana hoyongeun sakedik mah ngalebetkeun khotbahna, 
alesanana tiasa wae, naha cenah ari urang Islam kenging ngadugikeun 
ka-Islamanana, tiasa medar hadits, medar tafsir Al Qur-an, ari nu diluar Islam 
teu kenging ?
Rupina didieu nu kedah telik mah, nya nu gaduh lalakon, nu janten editor, Teh 
Roro, Mang Jamal, Kang Sasmita, Kang Haji deuih, boa Abah ge kalebet, upami tea 
mah aya eusi artikel nu kinten-kinten matak janten hareudang-bayeungyang mah, 
komo upami matak janten pacogregan mah, teu kedah ditampilkeun.
Sakitu  Nun.
Hapunten Abah. 



-----mmd-----



================================
Drs.H.Maman Moch Dachman. MBA.
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
[email protected]
http ://abahbandung.blogspot.com
================================


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke