upami teu lepat mah "anjeuna" tos ngadamel proyek yusuf 2000.tos lami ieu teh.. bahkeun dina fakta dan data media dakwah tos di ulas sareng dina majalah sabili oge..
________________________________ From: Moch Dachman Maman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 15, 2009 6:01:47 AM Subject: [Urang Sunda] GONJANG-GANJING IBRAHIM SANG NABI GONJANG-GANJING ARTIKEL IBRAHIM SANG NABI Aya tungtunan, cenah urang Islam teu kenging diajar kitab Injil teh aya dua alesan, nu kahiji, bilih dina eta kitab Injil aya hal-hal anu memang leres cocok jeung akidah Islam tapi ku urang dilepatkeun, anu kaduana bilih dina eta kitab Injil aya hal anu teu leres atanapi patukang tonggong sareng akidah Islam ku urang dilereskeun. Upami kitu kajantenana, janten duanana oge lepat, sangkan aman pikeun akidah ka Islaman katut kaimananana, urang teu kedah diajar eusi kitab Injil, kitu dina tungtunan teh. Nanging rupina benten pasualanana, upami para mahasiswa diajar dina mata kuliahna, perkawis ”perbandingan agama”, eta mah tos diluar jejer pasualan ieu, teu kedah janten hemeng. Angkeuhan urang, utamina urang Sunda, samangsa-mangsa urang Sunda, pasti weh muslim, kapungkur mah memang kitu, nanging ayeuna mah henteu kitu, margi seueur urang Sunda ayeuna, anu agemanana sanes Islam, aya nu Protestan, nu Katholik, nu Sunda Wiwitan, nu Budha Nu Hindu nu Kong Ho Cu ge boa aya, malah kapan teu sakedik nu teu beragama pisan balatak. Contona bae, di daerah Kuningan, masarakat Sunda anu tadina masyarakat Madrais, kapan dirangkulna teh ku Katholik, da ku urang Islamna harita ngadon dibuburak, atuh lalebet Kristen, malah kapan aya nu janten Pendeta sagala, hotbahna ? nganggo basa Sunda, jaba lemes pisan deuih, ragam hormat, di Bandung TV, sering siaran langsung. Aya deui di daerah Lembang, sareng di daerah Ciwidey wewengkon Gambung, aya missionaris anu nyepeng daerah operasi didinya, nyebatna ge kapan ”Poros Ciwidey – Gambung” rupina aya panginten urang Sunda nu tos lebet agama maranehna, barudak remaja nu nuju pariknik di Lembang, di Situ Pantengan kapan seueur nu kapincut ku propaganda maranehanana. Malih di antawis jalan Cimahi dugi ka Cisarua Lembang, aya Wihara anu agreng kacida, nalika aya pembagian beras miskin, kapungkur, langkung santun tah masihkeunana teh, upami nu miskinna teh sepuh komo mun nini-nini mah, ku panitiana teh dipanggul beasna dijajapkeun dugi kana beca, panitia di urang mah kapan boro-boro mangmanggulkeun, masihkeunana ge bari baketut haseum. Aya deui di daerah Ciranjang, wewengkan Sipon Dua, kapan pagiling-gisik didinya mah antawis masjid sareng gereja teh, teu mustahil tos aya urang sunda nu lebet janten Protestan-na. Di Cipatujah, kapan ayeuna mah ngajegir Gereja, teu mustahil oge, aya urang Sunda tos biluk ka agama maranehanana, da kabebenjokeun ku Super Mie tea. Tos kantenan barudak rumaja putri mah, nu tos biasa dijilbab teh kapan ngahaja ditikah ku maranehna, engke satutasna ditikah mah diarajak weh ngagem agama maranehna. Atuh nu teu nyepeng agama pisan, kapan teu sakedik disabudeureun urang ge balatak. Wangsul deui kana jejer carios, janten upami tea mah dina ”Millis” aya sakedik nu memper-memper kana propaganda eta, jigana kedah wayahna we, ari nu janten masalah, bongan we Millis na oge kapan keur urang Sunda, sedeng urang Sunda tea, saur tadi ge pan teu sadayana Islam, atuh pantes kacida upami urang Sunda ti luar Islam ge, jigana hoyongeun sakedik mah ngalebetkeun khotbahna, alesanana tiasa wae, naha cenah ari urang Islam kenging ngadugikeun ka-Islamanana, tiasa medar hadits, medar tafsir Al Qur-an, ari nu diluar Islam teu kenging ? Rupina didieu nu kedah telik mah, nya nu gaduh lalakon, nu janten editor, Teh Roro, Mang Jamal, Kang Sasmita, Kang Haji deuih, boa Abah ge kalebet, upami tea mah aya eusi artikel nu kinten-kinten matak janten hareudang-bayeungya ng mah, komo upami matak janten pacogregan mah, teu kedah ditampilkeun. Sakitu Nun. Hapunten Abah. -----mmd---- - ============ ========= ========= == Drs.H.Maman Moch Dachman. MBA. Jl. Margajaya V. No. 5 Bandung - 40224 visit; maman.mochdachman@ gmail.com http ://abahbandung. blogspot. com ============ ========= ========= == ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Dapatkan nama yang Anda sukai! Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com. http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/

