Arie Kang Maman Dachman pasti tos ngalaman di Jl. kebonjati awal taun 1950 an.pan aya Gareja pasundan...Aya urang Sunda oge didinya..Di ieu milist abdi oge kantos ngabaledog yen di daerah Ciranjang aya oge komunitas Sunda Kristen...aya Constaine Arnasih..aya Karl Madhapi.. Tiasa ditingali dina buku Riwayat Sejarah Jawa Barat terbitan Dept Dalam Negeri (Unggal Propinsi aya.. munteu lepat terbitan taun 1957)
On 1/15/09, waluya2006 <[email protected]> wrote: > > > Moch Dachman Maman <maman.mochdach...@...> wrote: > > Di Cipatujah, kapan ayeuna mah ngajegir Gereja, teu mustahil oge, > > aya urang Sunda tos biluk ka agama maranehanana, da kabebenjokeun > > ku Super Mie tea. > > Akhir taun 2004, tsunami ngubrak-ngabrik Aceh. Maggie Hamilton, > budak awewe urang Amerika nu umurna kakara 9 taun, ngarasa sedih ku > kaayaan di Aceh. Der manehna nyieun surat bari dieusian geulang, > maksudna rek nyuratan tanda simpati ka budak urang Aceh nu meunang > tunggara, ngan teu nyaho kudu kamana ngirimkeunana, nya dikirimkeun > ka Gedung Putih. Untungna surat ieu tepi ka saurang budak urang Aceh > Nanda, nu geus kaleungitan kabeh kulawargana. Maggie Hamilton jeung > Nanda akhirna susuratan jeung kungsi dipanggihkeun di Indonesia. Nu > narik eusi suratna si Maggie leutik teh rek ngadoakeun di GEREJA > kanu keuna musibah (suratna ku kuring dicopy-paste dipanghandapna). > > Si Maggie teu nyahoeun urang Aceh mah kabeh oge muslim teu ngadoa di > gereja. Atawa meureun dina nyahona oge, teu apal yen loba urang > Indonesia anu muslim curiga aya penyebaran Kristen di Indonesia. > Untung si Maggie bebenyit, teu ngirim bantuan nu bungkus paket- > paketna make tanda salib. Padahal loba lembaga kaagamaan di luar > Negri nu ngirim paket-paket bantuan make tanda salib. Hal ieu kungsi > jadi isue cenah di Aceh aya "kristenisasi"..... > > Naha ieu usaha kristenisasi atawa kulantaran boga pikiran siga si > Maggie, kuring teu apal. Tapi dina bancang pakewuh jeung kasusahan, > biasana anu ngaributkeun lain nu keur keuna tunggara, tapi jalma nu > tiluar, anu teu keuna ku bancang pakewuh. Sabab ari keur nu > kasusahan mah, bantuan timana wae oge ....nya ditarima we, nu > penting hirupna salamet .... > > Meureun kitu oge "supermie", boa-boa nu mere supermie teh ukur > nunjukkeun tanda simpati, lain rek nyebarkeun agama. Naha atuh make > tanda-tanda kaagamaan? Nya meureun hayang nunjukkeun identitas > komunitas nu mere sumbangan we. > > Ieu surat Si Maggie: > > ======================= > Dear friends: > Hi. My name is Maggie. I am sorry for what happened in your country. > I have heard some things about it. I hope your family and friends > are OK. In church, I pray for you and your country. In school, we > are raising money for your country. We have a loose-change bucket, > and kids bring money in. > > Also, we are making tsunami bracelets to raise money, too. I have > made you one. I hope you like it. I will continue praying for you > and your country in church. > > Your friend, Maggie > ================== > > >

