--- In [email protected], Narayana Adipranata 
<narayana_t...@...> wrote:
>
> Ari ceuk Islam mah naon wae nu nimpa ka diri urang salaku jalmu nu 
mu'min teh ALUS. 

Punten, Kang, oge sugri wargi urangsunda sanesna: Dina Islam, di mana 
satemenna wates kakuasaan(wewenang)urang salaku manusa dina enggoning 
ngarespon (ngigelan?)naon nu tumiba ka urang? Dina hal 
ieu "kamiskinan" -- beh dituna nasib atawa, nu nuju in kiwari: Agresi 
Israel ka Pilistin.

Margi, upami urang pengkuh kana naon nu disanggakeun ku salira, 
cohagna urang teu kedah sakola atawa masantren. Karuhan nganalisis 
atawa ngimeutan kaayaan nu nyampak di luar mah -- kalebet agresi 
Israel tadi atanapi (dina konteks susundaan atawa iindonesaan) 
ngomongkeum soal wabah korupsi, proyek kanal timur, KM Teratai Prima, 
UU Antipornografi. Boa-boa mimilisan ge teu kedah aya, HT atanapi HTI 
teu kedah gogorowokan perkawis khilafah, FPI atanapi PKS teu peryogi 
aleut-aleutan di Jalan Thamrin, Fauzi Bowo ka cape-cape janten 
Gubernur. Hehehe....

Sakitu bae heula, Kang.

Baktos,

Pun Maman



   




Kirim email ke