masjid di urang memang reuteum dimana-mana. kitu deuih. kajeun imah warga barutut, masjid mah kudu alus. indit ti niat yen masjid tempat ibadah ritual utamana solat ka pangeran. bari ngadegkeunana, da masjid, biasana papatungan warga, atawa nyair duit di jalan. jaman HMS mah aya yayasan amal bakti muslim pancasila. nu amalna, nyieun masjid dimana bae di endonesia, make model nu saragam.
kabeneran, tatangga kampung di lembur rek nyieun masjid. babaturan inget ka si kuring, nya menta gambar. pangyieunkeun, bari duka iraha diwanguna, da ngumpulkeun heula waragadna ti warga kampung eta nu katembong can loba nu makmur pisan. gambarna aya di mangjamal. multiply.com, my design. di pangulinan cap gajah depa, aya adi kelas urang malaysia, cenah di tatangga eta mah masjid teh teu loba cara di urang, teu di unggal gewok lembur aya. jeung dina ayana ge cenah, teu kabeh make speaker (TOA) pikeun adan. rada aneh oge pikeun urang. di kota, coba itung ngaran Gang Masjid. pasti loba. tah ka mang Hasan atawa saha bae nu keur di Malaysia, atau Bohay nu kungsi sakola di dinya, cing konfimasi atawa dongengkeun soal masjid di malaysia.

