On Thu, Jan 22, 2009 at 2:37 PM, mangjamal <[email protected]> wrote: > > masjid di urang memang reuteum dimana-mana. kitu deuih. kajeun imah > warga barutut, masjid mah kudu alus. indit ti niat yen masjid tempat > ibadah ritual utamana solat ka pangeran. bari ngadegkeunana, da > masjid, biasana papatungan warga, atawa nyair duit di jalan. jaman > HMS mah aya yayasan amal bakti muslim pancasila. nu amalna, nyieun > masjid dimana bae di endonesia, make model nu saragam. > > kabeneran, tatangga kampung di lembur rek nyieun masjid. babaturan > inget ka si kuring, nya menta gambar. pangyieunkeun, bari duka iraha > diwanguna, da ngumpulkeun heula waragadna ti warga kampung eta nu > katembong can loba nu makmur pisan. gambarna aya di mangjamal. > multiply.com, my design. > > di pangulinan cap gajah depa, aya adi kelas urang malaysia, cenah di > tatangga eta mah masjid teh teu loba cara di urang, teu di unggal > gewok lembur aya. jeung dina ayana ge cenah, teu kabeh make speaker > (TOA) pikeun adan. rada aneh oge pikeun urang. di kota, coba itung > ngaran Gang Masjid. pasti loba. > > tah ka mang Hasan atawa saha bae nu keur di Malaysia, atau Bohay nu > kungsi sakola di dinya, cing konfimasi atawa dongengkeun soal masjid > di malaysia. >
Hehehe, ngadongeng perkara masjid di Malaya? Kasimpulan di luhur teh, enya aya benerna. Urang mimitian ku dongeng balad uing nya. Hiji waktu balad uing aya kagiatan mawa mahasiswa, model kegiatan pengabdian masyarakat mun di urang mah, ka hiji tempat di kawasan desa. Ieu balad uing teh kiwari jadi gegedug hiji paguron di kawasan Tasikmalaya. Kabeneran kagiatan teh dina poe Jumaah. Waktu manjing mangsa jumaahan kacaritakeun rek ngadegkeun sholat Jumaah. Ari pipikiran balad uing, samarukna jiga di lembur urang, rek Jumaahan mah kaci dimana wae. Malah kaci we nyieun jamaah sholat Jumaah di gedong sakolaan ge. Ari pek teh, dibejaan ku urang Malaya, teu bisa kitu cenah di dieu mah. Tempat jumaahan teh kudu di Masjid nu geus meunang surat ijin ti mufti pikeun ngadegkeun sholat jumaahan. Kasimpulanana teu kabeh masigit, komo langgar mah kaci dipake Jumaahan. Nya antukna kapaksa tah rombongan teh kudu neangan masjid, nu tempatna lumayan jauh. Jeungna deui, khotib ge di Malaya mah kudu nu geus meunang sertifikat. Eusi khutbahna ge geus ditangtukeun ku lembaga samodel MUI mun di urang mah. Salian ti eta, wangunan masigit ge teu kabeh make kubah deuih. Uing pernah neangan masjid di Kuala Lumpur, barang nempo aya wangunan nu hateupna jiga kubah, nalika dijugugjug geuning gedong pangadilan. Enya dina mangsana magrib, rada teu pati saheng ku sora adzan deuih. Tah kitu sementara mah dongengna. salam, mh

