Ceuk nu nyiptakeun jaipongan, ibing jaipong teh akarna ti ibing urang pantura. Pantura teh hawana panas, nu matak ibingna ge "panas" ...hehehe. Priangan hawana tiis, musikna melankolis. Jadi lamun dibandingkeun jeung musik ti "kulon" mah siga kieu:
Cianjuran, degung = musik simfoni/ klasik (Eropa Kaler) Jaipongan, banjet, tanjidoran = musik/ibing Spanyol, tari perut (Meditarinia/ Timur Tengah). Nu aneh, pantura teh awalna Islam asup ka Pulo Jawa, naha senina "paranas" kitu? Moal boa pangaruh budaya Timur Tengah oge kabawa, silih kuatkeun nepika seni musik + ibing, tambah "panas"? Baktos, WALUYA > ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > > titip ka seniman nu rek diajak dialog pangnepikeun... ieu: > > kieu we mang gubernur, mang ahmad. nu islam atawa nu teu meunang nempo kelek > nu goyang gitek geol. tong lalajo jaipongan. komo bari mamawa otak sapuaneun > mah haha.... bisi muncrat! > > jeung eta rada lieur kami mah, maca cenah enggeus tapi eudeuk keneh... > kumaha sih mang herdiwan teh... teu puguh ah > > duq

