> ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > > titip ka seniman nu rek diajak dialog pangnepikeun... ieu: > > kieu we mang gubernur, mang ahmad. nu islam atawa nu teu meunang > nempo kelek > nu goyang gitek geol. tong lalajo jaipongan. komo bari mamawa otak > sapuaneun mah haha.... bisi muncrat!
Lamun rek ngalarang kudu ditempo heula masalahna kunaon jelema jadi gual-geol. Nu nyababkeun gual-geol teh sora percusi (kendang, genjring/ rebana ...jrrd). Jadi supaya teu aya nu gual-geol, jieun SK, teu meunang nabeuh kendang, drum .... jeung genjring/rebana. Alat musik nu meunang ditabeuh ukur alat musik petik, tiup jeung gesek. Dina ngigelna ge paling-paling siga balet ...atawa tarawangsa ..hahaha. Baktos, WALUYA [Nu kungsi ningali Kang Dud ngibing tarawangsa]

