Nuhun, ngan jadi panjang lalakon ..hehehe. Kalemahan Opensource teh 
dina driver alat-alat nu disambungkeun kana komputer. Umumna pabrik 
alat-alat ieu ukur nyadieukeun driver keur WINDOWS atawa MAC. Contona 
printer, mana aya pabrik printer nyadiakeun driver keur LInux? Lamun 
printerna merek terkenal jeung modelna oge terkenal, aya nu 
mangnyieunkeun driverna, bisa di download. Tapi printer nu teu 
terkenal/ acan terkenal? ....nya balik deui kana windows atawa dijieun 
PDFna, engke dicitak .... dina komputer nu OSna Windows deui ...hehehe.

NYieun driver ku sorangan? Ampun ..kuring mah teu sanggup.

Baktosna,
WALUYA



> Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>
> anu rek dicetak teh naon bah,
> hasil ngetik make Open Office lain?
> 
> memang lamun make openoffice, kadang-kadang hasil cetakna teu sarua 
> dina 
> layar, tergantung printerna.
> 
> aya trik na bah,
> coba eta hasil ngetik/edit teh di print na kana PDF heula.
> sanggeus kitu, eta file pdf karek di cetak.


Kirim email ke