Sanes kalemahan OpenSource kang, tapi ieu mah lantaran produsen pakakas IT na nu teu paduli (yen pamake komputer teh henteu nganggo Windows wungkul). Tapi aya oge produsen pakakas anu paduli, contona Dell, HP atanapi IBM. Maranehanana sok nyayogikeun driver kanggo Linux.
Abdi mah NGABOIKOT produsen anu teu nyayogikeun driver kanggo Linux (ku cara teu digaleuhan produkna) he he... Salam, Dian. 2009/3/2 waluya2006 <[email protected]>: > Nuhun, ngan jadi panjang lalakon ..hehehe. Kalemahan Opensource teh > dina driver alat-alat nu disambungkeun kana komputer. Umumna pabrik > alat-alat ieu ukur nyadieukeun driver keur WINDOWS atawa MAC. Contona > printer, mana aya pabrik printer nyadiakeun driver keur LInux? Lamun > printerna merek terkenal jeung modelna oge terkenal, aya nu > mangnyieunkeun driverna, bisa di download. Tapi printer nu teu > terkenal/ acan terkenal? ....nya balik deui kana windows atawa dijieun > PDFna, engke dicitak .... dina komputer nu OSna Windows deui ...hehehe. > > NYieun driver ku sorangan? Ampun ..kuring mah teu sanggup. > > Baktosna, > WALUYA > >> Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: >> >> anu rek dicetak teh naon bah, >> hasil ngetik make Open Office lain? >> >> memang lamun make openoffice, kadang-kadang hasil cetakna teu sarua >> dina >> layar, tergantung printerna. >> >> aya trik na bah, >> coba eta hasil ngetik/edit teh di print na kana PDF heula. >> sanggeus kitu, eta file pdf karek di cetak. >

