OpenOffice (OO) tiasa muka file .doc, oge tiasa nyimpen dina  format MS Word
(2003). Hanjakal kadang aya teu akurna, utamana upama aya tabel, gambar,
jsb. Sareng teu tiasa sabalikna deuih, .odt teu tiasa dibuka di MS Office.
Daripada diajar deui MS Office 2007 (nu beda pisan jeung versi samemehna),
mending langsung migrasi ka OO. Komo OO anu versi pang-enggalna (3.x.x),
langkung raoseun & rada2 'ay ketcing'.

Asa seueur baraya anyar nya? Haturan wilujeng sumping, mangga kalalebet...
Tong asa2, mangga geura nyalerat...

On Tue, Mar 3, 2009 at 7:32 AM, H Surtiwa wrote:

>   Ngomong2 LINUX..teu kanyahoan desktop diimah nggeus diganti ku sistim
> Linux/UBUNTU ku Budak. Cenah ngarah bebas virus mun maen Internet. saeutik
> keneh anu nyieun virus dina sistim ieu. Tapi File abdi masih dina sistim MS.
> Nyoba Word dibuka ku Office ORG, aeh bisa geuningan teh. Ngan eta Internet
> kudu make Opera atawa Mozilla versi LINUX. Teras nyoba gawe kutak ketik make
> Office org. Asupkeun kana flash. barang rek dibuka di kantor make MS..Word
> naha bet hese..kalahka cacing anu kalaluar..Word. gaptek..sayah teh....
> Nyoba donlod Office Org ,aeh teu pernah lengkep file na..wah jadi hese.
> kapaksa ngetik deui dina MS Word. Cik sugan aya anu tiasa masihan
> bongbolongan muka (.odt) kana (doc) . Kang Irpan ?
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke