Urang jepang eleh dina Perang Dunia II, tapi dina waktu singket manehna
bisa pulih, malah ayeuna jadi salah sahiji nagara maju didunya. salah
sahiji resepna nyaeta 'meniru'. manehna meuli mesin ti eropa, terus
dibongkar, dititenan, diturutan, terus nyieun versi manehna sorangan.
tah dina per-IT-an, sigana urang bisa ngalarapkeun cara anu sarua.
Lamun aya program komputer ku urang dibongkar, dititenan, diturutan,
terus nyieun versi urang.
tapi lamun make cara ieu, ancamana loba, HAKI lah, Plagiat lah, dsb.
tah ayeuna aya solusi anyar, nyaeta Open Source.
Lamun urang ngoprek program open source, nitenan, nurutan, terus nyieun
versi urang sorangan, ancaman HAKI jeung Plagiat teh euweuh. sabab
programna bebas diutak-atik.
Paling urang cukup nunjukkeun rasa ngahargaan ka jalma anu mimiti boga
ide nyieun program eta. carana nyaeta nuliskeun saha sabenerna anu boga
ide mimitina.
jadi sanajan dina hal cetak-mencetak, Linux aya kalemahan, tapi dina
widang lain, mangpaat Linux loba pisan.
waluya2006 wrote:
Nuhun, ngan jadi panjang lalakon ..hehehe. Kalemahan Opensource teh
dina driver alat-alat nu disambungkeun kana komputer. Umumna pabrik
alat-alat ieu ukur nyadieukeun driver keur WINDOWS atawa MAC. Contona
printer, mana aya pabrik printer nyadiakeun driver keur LInux? Lamun
printerna merek terkenal jeung modelna oge terkenal, aya nu
mangnyieunkeun driverna, bisa di download. Tapi printer nu teu
terkenal/ acan terkenal? ....nya balik deui kana windows atawa dijieun
PDFna, engke dicitak .... dina komputer nu OSna Windows deui ...hehehe.
NYieun driver ku sorangan? Ampun ..kuring mah teu sanggup.
Baktosna,
WALUYA
> Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>
> anu rek dicetak teh naon bah,
> hasil ngetik make Open Office lain?
>
> memang lamun make openoffice, kadang-kadang hasil cetakna teu sarua
> dina
> layar, tergantung printerna.
>
> aya trik na bah,
> coba eta hasil ngetik/edit teh di print na kana PDF heula.
> sanggeus kitu, eta file pdf karek di cetak.
--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!