On Thu, Mar 12, 2009 at 9:18 AM, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote: > bingungna teh mun ninggang cacah nu teu boga nanaon. misalna wae kuring, di > garut teu tanah teu naon, aya oge imah kolot nu nyesakeun buruan saeutik. > kudu di mana melakna? hahahah >
lebah dieu mah kuduna bupatina rada eling. mun nyieun kawijakan teh kudu difasilitasi sangkan kawijakan teh lain ukur tamba bau sungut. misalna, aya kerja sama jeung instansi pakait jiga kehutanan jeung pertanian. tah nu nyadiakeun binihna instansi eta, nu memang garapanana. lahanna mah bisa gunung, bisa jalan desa, nu deukeut jeung tempat dumuk panganten. (mh) > On Wed, Mar 11, 2009 at 10:20 PM, rusdi yunus wrote: >> >> wuih.... jigana sae eta peraturan daerah teh >> sok komo ku jaman kiwari geus loba jalma - jalma anu teu malire kana >> lingkungan sabudereunana komo kudu pepelakanmah asa geus gengsi........ >> paling - paling daekteh pepelakan ngan saukur kekembangan dina pot >> hareupeun imah > > >

