Nuju mujasmedi ngendog di lantai 6 gedong rektorat kampus UI depok. Teras wae endogan RANI-GRACIAS tea. Ayeuna nuju nyileungleuman REPLIKA (Rekaman Peristiwa Selintas Kampus). Unggal dinten muteran kaset video koleksi ti taun 1984 dugi ka kiwari. Bade didamel katalogna sareng proses alih-media ka DVD. Aya ratusan kaset Beta/VHS/Video-8/DV anu kedah dialih-mediakeun.
Mani rame pisan geuning milis KUSnet, seueur tamu enggal, tapi miskin gagasan strategis dina nanjeurkeun kasundaan, sareng teu acan katingali kumaha ngajabarkeun dina kahirupan sadidinten.Kuring masih emut, obrolan KUSnet Jakarta sareng Mang Ayat di Hotel Santika Jakarta, yen aya sababaraha peti naskah kuno di Musium Nasional anu teu acan kacabak,kapirosea ku para ahli kasundaan. Boa-boa naskah eta teh "missing link" Sunda jaman heubeul anu teu acan kabuka. Padahal urang Sunda anu ahli dina widang pernaskahan Sunda Kuno masih jarang. Satadina mah (gagasan kuring), Nyi Misnem bade diproyeksikeun janten salah sahiji urang KUSnet anu nitenan kana perkawis naskah Sunda heubeul. Tapi pan gumantung ka jinisna sareng ka "jang Rusdi" na, naha saluyu heunteu. baktos, mrachmatrawyani --- On Wed, 3/18/09, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] RANI-GRACIAS To: [email protected] Date: Wednesday, March 18, 2009, 8:33 AM Wa'alaikumsalaam w. w. Bagea, Kang Rachmat... Kamana wae..? On Wed, Mar 18, 2009 at 8:29 AM, MRachmat Rawyani wrote: Dihaturanan linggih ka RANI-GRACIAS di http://staff. blog.ui.edu

