Hahahah.... Rusdi & Misnem...

Perkawis naskah Sunda di PNRI, teu acan lami aya sumirat pibungaheun...
Balad urang Gan Aditya Gunawan, kabeneran pisan lebet damel di PNRI,
dipapancenan nguruskeun naskah2 Sunda... Antos geura sakedap deui manehna
gegebrag... Aeh, ulah diantosan ketang... Mending urang bantuan, yu..?!!

Naon wae anu tiasa dibantos? Kela, rek badami heula jeung jinisna...

2009/3/18 MRachmat Rawyani

>    Mani rame pisan geuning milis KUSnet, seueur tamu enggal, tapi miskin
> gagasan strategis dina nanjeurkeun kasundaan, sareng teu acan katingali
> kumaha ngajabarkeun dina kahirupan sadidinten.Kuring masih emut, obrolan
> KUSnet Jakarta sareng Mang Ayat di Hotel Santika Jakarta, yen aya
> sababaraha peti naskah kuno di Musium Nasional anu teu acan
> kacabak,kapirosea ku para ahli kasundaan. Boa-boa naskah eta teh "missing
> link" Sunda jaman heubeul anu teu acan kabuka. Padahal urang Sunda anu ahli
> dina widang pernaskahan Sunda Kuno  masih jarang.  Satadina mah (gagasan
> kuring), Nyi Misnem bade diproyeksikeun janten salah sahiji urang KUSnet anu
> nitenan kana perkawis naskah Sunda heubeul. Tapi pan gumantung ka jinisna
> sareng ka "jang Rusdi" na, naha saluyu heunteu.
>

Kirim email ke