Sidikan muhun kitu, ari pilampaheun mah tos enyay2an, kaleresan deuih sareng Kang Mumu kamari2 kantos ngahajakeun pendak di PNRI (tiluan, Kang Mumu, Gan Adit, abdi)... kadang 'ngamarkas' oge di Kang MGT. Nya ngabako2 wae mah... hahah... Kantun pakarangna... susuganan aya jalan...
Neda pangrojongna bae ka sadayana... 2009/3/18 MRachmat Rawyani > Saleresna mah, kagiatan praktis anu kedah dilaksanakeun teh nyaeta > ngalihkeun naskah heubeul eta ka media anu tahan lami, nyaeta > digitalisasikeun (di foto digital), samemeh naskah eta reksak/teu kapuluk. > Keun engke wae upami hoyong terang naon eusi naskah eta mah ti pengker. > Kuring sareng kang Mumu kantos motret naskah heubeul (abad ka 16) anu > diserat dina lontar. Geuning mani bangga/hese pisan.Ngarah eces/jelas. Komo > deui macana teu aya titik, koma sumawona spasi antara hiji kecap sareng > kecap sejenna. Katambih deui aya beda aksara dina naskah heubeul selang > waktu 300 taun. Maksad teh tulisan nasakah abad ka 16 beda sareng tulisan > naskah abad ka 13. > Dina prakna pasti aya hambatan anu "tak terduga". Jigana kedah ngadamel > panicia husus pikeun ngabaladah eta naskah kuno. Atanapi hiji waktu mah kang > Aditya Gunawan diondang sina ngadadarkeun pangalamanana "giling gisik" > sareng naskah kuno. KUSnet Jakarta tiasa janten panicia ngayakeun rereongan > ieu. > Kamarana yeuh KUSnet Jakarta teu aya "soraan". Biasana mah rajin ngayakeun > kopi darat di bumi teh Imas. Atawa sakantenan wae ngayakeun acara di > Perpustakaan nasional sakantenan kopi darat sabada pamilon 9 April. Kumaha > tah, Kang Akos, Teh Imas, Kang Hendri van Epson, Kang Ikmal, Kang Ndoel ? >

