Saleresna mah, kagiatan praktis anu kedah dilaksanakeun teh nyaeta ngalihkeun naskah heubeul eta ka media anu tahan lami, nyaeta digitalisasikeun (di foto digital), samemeh naskah eta reksak/teu kapuluk. Keun engke wae upami hoyong terang naon eusi naskah eta mah ti pengker. Kuring sareng kang Mumu kantos motret naskah heubeul (abad ka 16) anu diserat dina lontar. Geuning mani bangga/hese pisan.Ngarah eces/jelas. Komo deui macana teu aya titik, koma sumawona spasi antara hiji kecap sareng kecap sejenna. Katambih deui aya beda aksara dina naskah heubeul selang waktu 300 taun. Maksad teh tulisan nasakah abad ka 16 beda sareng tulisan naskah abad ka 13. Dina prakna pasti aya hambatan anu "tak terduga". Jigana kedah ngadamel panicia husus pikeun ngabaladah eta naskah kuno. Atanapi hiji waktu mah kang Aditya Gunawan diondang sina ngadadarkeun pangalamanana "giling gisik" sareng naskah kuno. KUSnet Jakarta tiasa janten panicia ngayakeun rereongan ieu. Kamarana yeuh KUSnet Jakarta teu aya "soraan". Biasana mah rajin ngayakeun kopi darat di bumi teh Imas. Atawa sakantenan wae ngayakeun acara di Perpustakaan nasional sakantenan kopi darat sabada pamilon 9 April. Kumaha tah, Kang Akos, Teh Imas, Kang Hendri van Epson, Kang Ikmal, Kang Ndoel ?
baktos, mrachmatrawyani http://staff.blog.ui.edu/RANI-GRACIAS --- On Wed, 3/18/09, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] RANI-GRACIAS To: [email protected] Date: Wednesday, March 18, 2009, 11:43 AM Hahahah.... Rusdi & Misnem... Perkawis naskah Sunda di PNRI, teu acan lami aya sumirat pibungaheun. .. Balad urang Gan Aditya Gunawan, kabeneran pisan lebet damel di PNRI, dipapancenan nguruskeun naskah2 Sunda... Antos geura sakedap deui manehna gegebrag... Aeh, ulah diantosan ketang... Mending urang bantuan, yu..?!! Naon wae anu tiasa dibantos? Kela, rek badami heula jeung jinisna...

