Hanjakal teu pareng tepang jeung Kang Rusli,,padahal harita di Uwa Sas dugi 
tabuh satengah salapan. Dianti-anti teh teu sumping wae. Boro hayang coklat, 
rek dipitaan,,
keur kabogoh..bejakeun we,,kenging mesen ti Malaysia. hehe

AG
 


--- On Tue, 3/31/09, mangjamal <[email protected]> wrote:

From: mangjamal <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] dianjangan urang jiran rusli kartawi
To: [email protected]
Date: Tuesday, March 31, 2009, 4:09 PM











    
            

rusli kartawi, urang malaysia nu cenah turunan sunda. poho deui miluan kusnet 
atawa kisunda. nya meureun versi urang na mah, kartawinata. 



tadi beurang datang ka pangulinan. ngora keneh 39, bujangan, cenah usahana 
sarupaning agen tenaga kerja. dibaturan ku urang bandung koponu geus lila gawe 
di subang malaysia.



ngobrol uplek siga nu geus lila wawuh. politik melayu, jsb.

cenah kawijakan ngadatangkeun urang indonesia teh karyana datuk musa hitam, 
pikeun nyaimbangkeun komposisi populasi malaysia. harita cina jeung india rek 
populasina loba cenah, sangkan malayu tetep loba nya ngadatangkeun urang 
indonesia, gawe di msyia. harita urang indonesia nu ka msyia gampang cenah 
meunang izin RP, resident permit, malah tereh jadi WNM, marga negara malaysia. 
jst. kaharti oge mun angklung batik diaku ku urang mysia, da turunan atawa 
urang dieu asalna mah. heuheu...



mere oleh-oleh sarupaning coklats. moal dibagi ah, jang oleh-oleh ka imah, 
ma'lum boga diktator dua, 5 taun jeung 2taun. heuheu




 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke