2009/3/31 MSasmita <[email protected]>: > Nuhun ah bisa patepung. Kang Rusli teh anggota Kusnet ti taun 2003. Boa > iraha panggih deui, ngan anu rada narik ati teh, cenah urang Sunda di Mlysia > teu pati loba jeung euweuh pakumpulanana. Beda jeung nu ti Jawa kaasup nu ti > Bawean, eta mah aya pakumpulanana, tur sanajan geus lila mukim di Mlysia teu > poho kana basa asalna, kitu deui barudak ngorana.
Upama noong statistik pendudulk Malaya, memang moal katara yen aya urang Sunda di Malaya. Sabab jigana etnik Sunda teh diitung disaruakeun jeung aetnik Jawa. Nu katara dina statistik teh, kulantaran jalmana rempeg jigana, salian ti urang Jawa, oge aya Madura, Banjar jeung Bugis, Kunanon urang Sunda ngan saeutik nya? Jigana salah sahijina kulantaran urang Sunda kurang rendey anakanana, matakna dina kasus jiga ieu mah, loba anak teh katara pentingna. Kaduana enya jigana kulantaran urang Sunda dina ngobrol sapopoe di lembur batur, jiga urang Sunda di Bandung we, rada mumul nyarita make basa Sunda, leuwih resep make basa Malayu. Kunaon nya jiga kitu? Moal kitu ieu teh alatan urang Sunda ngawatek elmu lolondokan tea, atawa ajian nyumput buni di nu caang? (mh) > > MSasmita. > hal coklat mah sarua Mang J. > > > ----- Original Message ----- > From: mangjamal > To: [email protected] > Sent: Tuesday, March 31, 2009 4:09 PM > Subject: [Urang Sunda] dianjangan urang jiran rusli kartawi > > rusli kartawi, urang malaysia nu cenah turunan sunda. poho deui miluan > kusnet atawa kisunda. nya meureun versi urang na mah, kartawinata. > > tadi beurang datang ka pangulinan. ngora keneh 39, bujangan, cenah usahana > sarupaning agen tenaga kerja. dibaturan ku urang bandung koponu geus lila > gawe di subang malaysia. > > ngobrol uplek siga nu geus lila wawuh. politik melayu, jsb. > cenah kawijakan ngadatangkeun urang indonesia teh karyana datuk musa hitam, > pikeun nyaimbangkeun komposisi populasi malaysia. harita cina jeung india > rek populasina loba cenah, sangkan malayu tetep loba nya ngadatangkeun urang > indonesia, gawe di msyia. harita urang indonesia nu ka msyia gampang cenah > meunang izin RP, resident permit, malah tereh jadi WNM, marga negara > malaysia. jst. kaharti oge mun angklung batik diaku ku urang mysia, da > turunan atawa urang dieu asalna mah. heuheu... > > mere oleh-oleh sarupaning coklats. moal dibagi ah, jang oleh-oleh ka imah, > ma'lum boga diktator dua, 5 taun jeung 2taun. heuheu > > > > . > > >

