Kang Rusli Kartawi teh memeh ka Indo kungsi nga-sms, rek ka Bandung, cenah meunang no hp sim kuring teh ti MH. Datang ka Bandung poe Saptu, da ti Jkt nga-sms majar keur ulin di Monas dibarengan ku Pa Erwin. Poe Minggu ditungguan tapi teu jol bae, ari paososore aya beja keur makan sate kambing cenah. Jol ka imah teh Minggu satengah salapan peuting, sorena memeh Kang Rusli datang aya Kang Adit, ngadon ngobrol. Ari Kang Adit undur da rek apel ka Cililin, kurunyung kang Rusli datang duaan jeung baladna, sarua orang Malaysia ngan katuruna Bawean. Rada lila ngobrol teh da undurna teh jam sabelas peuting, nya kitu nu diobrolkeun sagala rupa. Alhamdulillah bisa tepung paamprok jonghok. Eta ge inyana ngomong poe Senen rek panggih jeung MJ di Itenas. Nuhun ah bisa patepung. Kang Rusli teh anggota Kusnet ti taun 2003. Boa iraha panggih deui, ngan anu rada narik ati teh, cenah urang Sunda di Mlysia teu pati loba jeung euweuh pakumpulanana. Beda jeung nu ti Jawa kaasup nu ti Bawean, eta mah aya pakumpulanana, tur sanajan geus lila mukim di Mlysia teu poho kana basa asalna, kitu deui barudak ngorana.
MSasmita. hal coklat mah sarua Mang J. ----- Original Message ----- From: mangjamal To: [email protected] Sent: Tuesday, March 31, 2009 4:09 PM Subject: [Urang Sunda] dianjangan urang jiran rusli kartawi rusli kartawi, urang malaysia nu cenah turunan sunda. poho deui miluan kusnet atawa kisunda. nya meureun versi urang na mah, kartawinata. tadi beurang datang ka pangulinan. ngora keneh 39, bujangan, cenah usahana sarupaning agen tenaga kerja. dibaturan ku urang bandung koponu geus lila gawe di subang malaysia. ngobrol uplek siga nu geus lila wawuh. politik melayu, jsb. cenah kawijakan ngadatangkeun urang indonesia teh karyana datuk musa hitam, pikeun nyaimbangkeun komposisi populasi malaysia. harita cina jeung india rek populasina loba cenah, sangkan malayu tetep loba nya ngadatangkeun urang indonesia, gawe di msyia. harita urang indonesia nu ka msyia gampang cenah meunang izin RP, resident permit, malah tereh jadi WNM, marga negara malaysia. jst. kaharti oge mun angklung batik diaku ku urang mysia, da turunan atawa urang dieu asalna mah. heuheu... mere oleh-oleh sarupaning coklats. moal dibagi ah, jang oleh-oleh ka imah, ma'lum boga diktator dua, 5 taun jeung 2taun. heuheu .

