rusli kartawi, urang malaysia nu cenah turunan sunda. poho deui miluan kusnet atawa kisunda. nya meureun versi urang na mah, kartawinata.
tadi beurang datang ka pangulinan. ngora keneh 39, bujangan, cenah usahana sarupaning agen tenaga kerja. dibaturan ku urang bandung koponu geus lila gawe di subang malaysia. ngobrol uplek siga nu geus lila wawuh. politik melayu, jsb. cenah kawijakan ngadatangkeun urang indonesia teh karyana datuk musa hitam, pikeun nyaimbangkeun komposisi populasi malaysia. harita cina jeung india rek populasina loba cenah, sangkan malayu tetep loba nya ngadatangkeun urang indonesia, gawe di msyia. harita urang indonesia nu ka msyia gampang cenah meunang izin RP, resident permit, malah tereh jadi WNM, marga negara malaysia. jst. kaharti oge mun angklung batik diaku ku urang mysia, da turunan atawa urang dieu asalna mah. heuheu... mere oleh-oleh sarupaning coklats. moal dibagi ah, jang oleh-oleh ka imah, ma'lum boga diktator dua, 5 taun jeung 2taun. heuheu

