deui deui artikel artikel nu aya di majalah madina edisi maret nyambung
jeung urangsunda. tadi jeung masalah golput, ayeuna pakistan. dina ieu
majalah aya dua artikel nu nyabit-nyabit pakistan. nu kahiji dijudulan
'bertemu untuk mencegah perbenturan peradaban'. nilik kana judulna tangtu
nuju ka hiji buku nu judulna 'clash of civilization' meunang samuel
huntington. cek huntington sanggeus runtuhna komunis soviet, barat (amerika
serikat) bakal pagedrug jeung peradaban sejen, dina hal ieu islam. tah keur
menghindari ramalan huntington--nu mun ningali kaayaan kiwari asa-asa rek
pibenereun, di lahore pakistan diayakeun hiji konperensi nu jejerna
'covering each other- in an era of imagined clash of civilization'. nu
diharepkeun pagedrugna barat jeung islam tong nepi ka kajadian, lamun kabeh
pihak daek nyingkahanana. konferensi ieu diiluan ku 20 jurnalis ti
indonesia, pakistan, jeung norwegia. artikel nu ieu mah teu pati
ngagambarkeun kaayan pakistan.

tah dina artikel kadua nu judulna 'masyarakat pakistan itu bersahabat
menyenangkan' bisa jadi gambaran ti sisi sejen pakistan. beda jeung gambaran
ti bah wili. ade armando, pimpinan redaksi majalah madina tea, nu jadi wakil
ti indonesia di eta konferensi mere kamandang sejen ngeunaan pakistan. hasil
nengetan salila manehna aya di ditu. dina teaser-na ade nulis jiga kieu:
'mereka (tangtu urang pakistan--tinunulis) bebas, terbuka, cerdas,
demokratis, dan bersahabat. kalaulah tatapan mata adalah cerminan paling
jujur dari jiwa orang, yang saya lihat adalah tatapan damai, bukan curiga'.

ngan gambaran-gambaran kaheurasan di pakistan nu sumebar di media-media, oge
milu mangaruhan kana laporan ade ieu. manehna nulis, 'mungkin saya salah
menyimpulkan dari sebuah perjalanan hanya beberapa hari hanya di satu kota,
lahore. tapi kalau pengalaman singkat itu yang bisa dijadikan rujukan, wajah
pakistan sama sekali jauh dari menakutkan.'

sakitu we ti kuring, bilih hoyong maca majalahna mah dongkapan we toko buku,
agen majalah nu caket. atawa susul ka ramatlokana di www.madina.co.id .
upami teu mendak keneh, bari keukeuh hoyong maca, mangga sumping ka
perpustakaan teras, di cilibende bogor :)

dudi
sanes agen majalah
2009/4/2 waluya2006 <[email protected]>

>   > Tessar Wardhana <tessar...@...> wrote:
> > ah nya urang tingal we ayeuna mah kapayuna siga kmh, kang W? sanes
> > kitu... hehehe
> > katingal ku abdi mah nu golput ti tiap pemilu beuki loba wae. duka
> > kunaon tah...
>
> Golput beuki loba teu masalah, di Amerika oge dina Pemilu, lamun nu milih
> tepi ka 60% wae geus alus. Motivasi nu Golput rupa-rupa teu saragam. Aya nu
> ku alesan ideologis tapi jumlahna ngan saeutik. Tah nu loba mah malah nu teu
> pati perhatian kana urusan ideologi jeung politik. Omongna teh: kumaha wae
> lah, sarua wae, nya sukur-sukur lamun leuwih alus. Golput golongan ieu, bisa
> digolongkeun manusa pragmatis, jadi kade ulah ngarep-ngarep dukungan ti
> golongan ieu lamun urang boga ideologi nu rek didagangkeun.
>
> Nu dipikahariwang mah lain golput, tapi lamun partey-partey parasea, teu
> narima hasil Pemilu. Bisa chaos. Dina suasana "rusuh", sagalana kamungkinan
> bisa kajadian. Lolongkrang tah keur nu rek nerapkeun ideologi sejen salian
> ideologi nu dipake ku nagara ieu!
>
> Lamun chaos teh, ah leuwih hade ngungsi we, nyieun parahu nyabrang ka
> australia, sugan tepi ..hehehehe. Nurutan urang Irak, Afghanistan, Pakistan
> nu malabur ti nagarana, ngajarugjug australi, teu tahan cicing dinagarana nu
> pinuh ku kekerasan.
>
> Salam,
> WALUYA
>
>  
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke