Kang W tong bireuk masih keneh loba jeema anu embung mikir sorangan atanapi
nganalis sorangan...antukna ngagul2 buku atawa artikel batur. lamun adu
renyom teh biasana...nanya "naon referensina"...Asa jaman mahasiswa
keneh...Pun anak...resep pisan niru2 tina referensi tangpa check sareng
recheck (ayeuna mah Mang Google sareng eng Yahoo aya pan) soal diet
bayi..saparantos dilakukaeun....aternyata aya efek samping...check ka
dokter...walah eta diet bayi tina buku anu dikarang ku ahli gizi (sanes
Dokter)..salah...maen pukul rata wae....jadi emut aya pameo .urang mun tos
mikir...kerdah ngarujuk ka ahlina...

On 4/2/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>   > ua duq <dudi.herlia...@...> wrote:
> > nu kahiji dijudulan
> > 'bertemu untuk mencegah perbenturan peradaban'. nilik kana judulna >
> tangtu nuju ka hiji buku nu judulna 'clash of civilization'
> > meunang samuel huntington.
>
> Kang Dud, terus terang kuring mah masih bingung jeung ramalan Samuel
> Hutington teh, meureun kulanataran acan maca bukuna. Nu jadi bingung eta
> masalah istilah "Peradaban". Naon sih ari Peradaban teh? Cenah Amerika
> (barat) boga peradaban anu beda jeung peradaban Uni Suviet. Padahal rek
> kapitalis, rek komunis dua-duana mucunghul hasil tina hiji peradaban
> (teknologi/ revolusi industri) nu ngahasilkeun kelas majikan jeung kelas
> buruh. Jadi lamun Amerika perang dingin jeung Uni soviet teu bisa disebut
> perbenturan peradaban. Ceuk kuring mah anu awam, istilah Peradaban mah umum
> teuing, leuwih hade disebut pagetruk dina soal POLITIK, BUDAYA jeung
> pangpangna EKONOMI.
>
> Perang Dingin eureun, uni soviet bubar. Barat pagedrug deui jeung peradaban
> sejen, sering dipatalikeun jeung Islam. Padahal ceuk cenah, Samuel Hutington
> teh nulis pagedrug teh lain jeung Islam wae, tapi jeung budaya timur
> sejenna, kaasup jeung Cina katut India. Ieu oge aneh, naha nu
> ngagede-gedekeun ramalan Samuel Hutington teh ngan dunya Islam, ari Cina
> jeung India mah henteu? Padahal kakuatan Cina ditambah India, jauh leuwih
> kuat, boh dina widang teknologi atawa dina widang ekonomi, tibatan
> nagara-nagara Islam lamun dihijikeun. Bayangkeun we pendudukna ge leuwih ti
> 2 milyar!
>
> Kulantaran teu pati ngarti, sakapeung kuring sok mikir, boa-boa urang teh
> ngan saukur GeeR? Terus deuih, nu kuring teu pati resep ka ramalan Samuel
> Hutington teh, ampir teu kareungeu kritik obyektip kana pamadegan Samuel
> Hutington. Saolah-olah tulisan manehna teh pasti benerna jeung bakal
> kajadian. Ari carana kieu mah, nya sarua we jeung nyembah-nyembah "peradaban
> Amerika". Ngarasa gagah lamun nyutat Samuel Hutington, teu aya bedana jeung
> nu dikritik ku kang Irpan, ngarasa gagah jeung modern lamun ngaleueut di
> warung kopi Starbuck ......
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke