> ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > nu kahiji dijudulan > 'bertemu untuk mencegah perbenturan peradaban'. nilik kana judulna > tangtu > nuju ka hiji buku nu judulna 'clash of civilization' > meunang samuel huntington.
Kang Dud, terus terang kuring mah masih bingung jeung ramalan Samuel Hutington teh, meureun kulanataran acan maca bukuna. Nu jadi bingung eta masalah istilah "Peradaban". Naon sih ari Peradaban teh? Cenah Amerika (barat) boga peradaban anu beda jeung peradaban Uni Suviet. Padahal rek kapitalis, rek komunis dua-duana mucunghul hasil tina hiji peradaban (teknologi/ revolusi industri) nu ngahasilkeun kelas majikan jeung kelas buruh. Jadi lamun Amerika perang dingin jeung Uni soviet teu bisa disebut perbenturan peradaban. Ceuk kuring mah anu awam, istilah Peradaban mah umum teuing, leuwih hade disebut pagetruk dina soal POLITIK, BUDAYA jeung pangpangna EKONOMI. Perang Dingin eureun, uni soviet bubar. Barat pagedrug deui jeung peradaban sejen, sering dipatalikeun jeung Islam. Padahal ceuk cenah, Samuel Hutington teh nulis pagedrug teh lain jeung Islam wae, tapi jeung budaya timur sejenna, kaasup jeung Cina katut India. Ieu oge aneh, naha nu ngagede-gedekeun ramalan Samuel Hutington teh ngan dunya Islam, ari Cina jeung India mah henteu? Padahal kakuatan Cina ditambah India, jauh leuwih kuat, boh dina widang teknologi atawa dina widang ekonomi, tibatan nagara-nagara Islam lamun dihijikeun. Bayangkeun we pendudukna ge leuwih ti 2 milyar! Kulantaran teu pati ngarti, sakapeung kuring sok mikir, boa-boa urang teh ngan saukur GeeR? Terus deuih, nu kuring teu pati resep ka ramalan Samuel Hutington teh, ampir teu kareungeu kritik obyektip kana pamadegan Samuel Hutington. Saolah-olah tulisan manehna teh pasti benerna jeung bakal kajadian. Ari carana kieu mah, nya sarua we jeung nyembah-nyembah "peradaban Amerika". Ngarasa gagah lamun nyutat Samuel Hutington, teu aya bedana jeung nu dikritik ku kang Irpan, ngarasa gagah jeung modern lamun ngaleueut di warung kopi Starbuck ...... Baktosna, WALUYA

