Anu sae mah langsung wae wawancara ka anu tos dumuk di pakastan langkung ti
2 taun..Aya padamel anu tiditu...teu betah...heuras pisan kaayanana....no
security...hoyong AK-47 dijual ku barudak ABG di airport kaler
Islamabad...hargana ngan $ 100..terang2an teu susulumputan..Eta padamel
ayeuna tengtrem sareng bamey di Brunei darussalam..kaleresan US.

On 4/2/09, ua duq <[email protected]> wrote:
>
>   deui deui artikel artikel nu aya di majalah madina edisi maret nyambung
> jeung urangsunda. tadi jeung masalah golput, ayeuna pakistan. dina ieu
> majalah aya dua artikel nu nyabit-nyabit pakistan. nu kahiji dijudulan
> 'bertemu untuk mencegah perbenturan peradaban'. nilik kana judulna tangtu
> nuju ka hiji buku nu judulna 'clash of civilization' meunang samuel
> huntington. cek huntington sanggeus runtuhna komunis soviet, barat (amerika
> serikat) bakal pagedrug jeung peradaban sejen, dina hal ieu islam. tah keur
> menghindari ramalan huntington--nu mun ningali kaayaan kiwari asa-asa rek
> pibenereun, di lahore pakistan diayakeun hiji konperensi nu jejerna
> 'covering each other- in an era of imagined clash of civilization'. nu
> diharepkeun pagedrugna barat jeung islam tong nepi ka kajadian, lamun kabeh
> pihak daek nyingkahanana. konferensi ieu diiluan ku 20 jurnalis ti
> indonesia, pakistan, jeung norwegia. artikel nu ieu mah teu pati
> ngagambarkeun kaayan pakistan.
>
> tah dina artikel kadua nu judulna 'masyarakat pakistan itu bersahabat
> menyenangkan' bisa jadi gambaran ti sisi sejen pakistan. beda jeung gambaran
> ti bah wili. ade armando, pimpinan redaksi majalah madina tea, nu jadi wakil
> ti indonesia di eta konferensi mere kamandang sejen ngeunaan pakistan. hasil
> nengetan salila manehna aya di ditu. dina teaser-na ade nulis jiga kieu:
> 'mereka (tangtu urang pakistan--tinunulis) bebas, terbuka, cerdas,
> demokratis, dan bersahabat. kalaulah tatapan mata adalah cerminan paling
> jujur dari jiwa orang, yang saya lihat adalah tatapan damai, bukan curiga'.
>
> ngan gambaran-gambaran kaheurasan di pakistan nu sumebar di media-media,
> oge milu mangaruhan kana laporan ade ieu. manehna nulis, 'mungkin saya salah
> menyimpulkan dari sebuah perjalanan hanya beberapa hari hanya di satu kota,
> lahore. tapi kalau pengalaman singkat itu yang bisa dijadikan rujukan, wajah
> pakistan sama sekali jauh dari menakutkan.'
>
> sakitu we ti kuring, bilih hoyong maca majalahna mah dongkapan we toko
> buku, agen majalah nu caket. atawa susul ka ramatlokana di
> www.madina.co.id . upami teu mendak keneh, bari keukeuh hoyong maca,
> mangga sumping ka perpustakaan teras, di cilibende bogor :)
>
> dudi
> sanes agen majalah
> 2009/4/2 waluya2006 <[email protected]>
>
>>   > Tessar Wardhana <tessar...@...> wrote:
>> > ah nya urang tingal we ayeuna mah kapayuna siga kmh, kang W? sanes
>> > kitu... hehehe
>> > katingal ku abdi mah nu golput ti tiap pemilu beuki loba wae. duka
>> > kunaon tah...
>>
>> Golput beuki loba teu masalah, di Amerika oge dina Pemilu, lamun nu milih
>> tepi ka 60% wae geus alus. Motivasi nu Golput rupa-rupa teu saragam. Aya nu
>> ku alesan ideologis tapi jumlahna ngan saeutik. Tah nu loba mah malah nu teu
>> pati perhatian kana urusan ideologi jeung politik. Omongna teh: kumaha wae
>> lah, sarua wae, nya sukur-sukur lamun leuwih alus. Golput golongan ieu, bisa
>> digolongkeun manusa pragmatis, jadi kade ulah ngarep-ngarep dukungan ti
>> golongan ieu lamun urang boga ideologi nu rek didagangkeun.
>>
>> Nu dipikahariwang mah lain golput, tapi lamun partey-partey parasea, teu
>> narima hasil Pemilu. Bisa chaos. Dina suasana "rusuh", sagalana kamungkinan
>> bisa kajadian. Lolongkrang tah keur nu rek nerapkeun ideologi sejen salian
>> ideologi nu dipake ku nagara ieu!
>>
>> Lamun chaos teh, ah leuwih hade ngungsi we, nyieun parahu nyabrang ka
>> australia, sugan tepi ..hehehehe. Nurutan urang Irak, Afghanistan, Pakistan
>> nu malabur ti nagarana, ngajarugjug australi, teu tahan cicing dinagarana nu
>> pinuh ku kekerasan.
>>
>> Salam,
>> WALUYA
>>
>>  _,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>  
>

Kirim email ke