muhun panuju abi kang Dian, tarjemahkeun teras bahasna rada dileleuykeun weh ngarah caina herang laukna beunang ceunah...
________________________________ From: Dian Tresna Nugraha <[email protected]> To: [email protected] Cc: [email protected] Sent: Friday, April 17, 2009 2:09:16 PM Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Sunda dina (Koran) Kompas Sae pisan pami tiasa di bahasa Indonesiakeun teras dikintunkeun ka Kompas, kang. Kumaha pami kitu? Dian. 2009/4/17 Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com> Sunda dina Kompas Salaku urang Sunda nu kungsi jadi wartawan, geus ti zaman mahasiswa kuring ajrih ka koran Kompas. Keur kuring, oge keur urang sarerea, Kompas teh hiji media nu jugala. Oplahna ngaratus rewu. Iklanna oge kawilang munel. Teu munasabah, taun 80-an, Jacob Oetama dina salah sahiji ceramahna,kungsi nepikeun yen manehna bisa ngaharatiskeun koranna ka kum pembacana salila…2 taun! Kituna teh, eta koran moal nepi ka bangkrut. Alesannana, nya alatan panghasilan tina iklan nu lain bae nutupan kabutuhan produksi jeung operasional eta koran. Tapi oge nyesakeun kauntungan nu lain saeutik.Kituna teh, ieu koran bisa mere karaharjaan nu leuwih ti lumayan ka kum wartawan jeung karyawanna. Asana, karek Kompas nu miboga kompleks perumahan wartawan/karyawan sorangan – sanajan, tangtuna, teu sakabeh wartawan/karyawanna kawadahan di eta perumahan. Alatan jugala tadi, teu aneh, mun Kompas lain bae boga pamedal buku jeung jaringan toko buku (jaringan distribusi). Titaun 80-an keneh, ieu koran teh geus jadi hiji konglomerasi nu usahana lain bae dina widang media jeung informasi. Tapi, geus sumarambah kana widang-widang lianna– nu sipat atawa wandana jauh tina urusan media citak. Mimiti bisnis radio, hotel, jeung bank,nepi katambakudang,pendidikan, jeung pausahaan film. Kituna teh bisnis media citak-na ge teu dipopohokeun. Teuing sabaraha puluh majalah, tabloid, jeung koran nu mekar di ieu kelompok usaha teh. Lian ti kitu, husus koran Kompas, kualitas jurnalistikna ge kawilang unggul. Mun teu jadi standar resmi pikeun dunya jurnalistik Indonesia ge, kualitas jurnalistik Kompas jelas aya di papan atas – bareng jeung sawatara media lianna. Boh karepna ngebrehkeun pasoalan nu nyampak di masarakat, oge cara maranehna ngebrehkeun pasoalan tadi. Lain bae prinsip keberimbangan jeung akurasi fakta nu pageuh dijaga, tapi oge babasaan nu dipake dina eta koran matak tingtrim kana ati. Bari teu ngaleungitkeun karep ngawangung watek jeung kasadaran kritis nu macana. Intina, di antara ratusan koran jeung majalah kiwari Kompas salah sahiji media nu lain bae bisa dipercaya. Tapi oge elegant atawa teu kampungan dina prak-prakannana. Nepi ka, keur sawatara urang mah asa can jejeg ngalakonan poe mun encan maca Kompas. Lian ti kitu, salaku urang Sunda, kuring ningali Kompas kawilang gede “kahaatna” ka urang Sunda. Sanajan, “kahaat” eta bisa oge dibukaan kalawan leuwih gemet: Naha eta teh kawijakan resmi eta koran, nu nganggap Sunda salaku subyek jenting ? Atawa, kadar “kreativitas” wartawanna? Hususna, wartawan senior siga Kang Her (Suganda), nu loba pisan nulis ngeunaan ka-Sunda-an – naha nu mangrupa sajarah, budaya, atawa pasoalan sosial-ekonomi nu tumiba ka urang Sunda. Mun tea mah “kameumeut” eta kaluar salaku kawijakan resmi ge, kuring sok remen suudzon: Loba soteh ngebrehkeun perkara Sunda, kadar strategi marketing wungkul. Nyeueung pembaca Kompas lolobana caricing di Tatar Sunda, komo kiwari zaman otonomi daerah, daek teu daek maranehna “ngogo” (urang) Sunda. Lain bae ngalobaan warta-warta ngeunaan Tatar Sunda, tapi oge medalkeun Kompas Jabar jeung Tribun Jabar. Dina sisi bisnis, Jawa Barat keukeuh pasar media nu pangbadagna – nu salila ieu, meh saumur Orde Baru, keur sektor koran, dikeukeuweuk ku Pikiran Rakyat. Hartina, munasabah mun maranehna “ngogo” urang Sunda ku nembrakeun pasoalan-pasoalan nu nyampak di Tatar Sunda. Kaasup mere rohangan nu lumayan lega pikeun tulisan-tulisan atawa kolom ngeunaan ka-Sunda-an. (Sanajan, sakapeung, wacana ka-Sunda-an nu nyampak di eta koran teh, keur kuring, teu maju-maju. Kitu jeung kitu bae). Anapon kaitung ngogo jeung katingali "boga kahaat" ka Tatar Sunda, naon bae alesannana, aya hal nu keur kuring matak pihanjakaleun tina ieu koran teh: Kaweruh jeung kapercekaan pangasuhna dina perkara budaya jeung basa Sunda. Kaasup kaweruh nu sipatna standar -- lain kaliber ahli atawa pakar tea. Conto nu natrat basa Kompas nulis ngeunaan hiji inohong ti Ciamis. Kuring poho deui saha-sahana mah, ngan nu matak ningnang sakaligus matak ngahelas: Dina eta tulisan, si inohong teh disebutna “si Mbah”. Padahal, sanajan enya loba urang Sunda nu boga karuhun ti Wetan, sakanyaho kuring, kumna lalaki kolot di Tatar Sunda, mun teu disebut Abah nya Aki. Geus kajudi, wartawan nu nulis eta artikel pasti urang Jawa – bari can apal kana kabiasaan urang. Nu leuwih natrat deui, dina ngalarapkeun “e” (teleng? Atawa pepet, kitu?) jeung “eu”. Enya dina perkara bedahna Situ Gintung kamari. Nu kabaca ku kuring, tiap nulis “Cireundeu”, ieu koran jugala nu jadi semi standar jurnalistik jeung kumna masarakat teh keukeuh peuteukeuh nulis eta tempat teh jadi “Cirendeu”. Karuhan nulis “ojeg” jadi “ojek” mah – nurutkeun letah urang Jawa. Kuring masih narima, da – mun teu salah – ceuk Kamus Besar Bahasa Indonesia memang kitu kuduna. Tapi, hususon ngeunaan ngaran tempat, salaku urang Sunda, hate teh teu merean. Antukna ambek kapegung. Piraku kadar ngaran tempat ge rek diakusisi? Pan eta teh bagean tina sajarah? Tina kasadaran budaya? Boa-boa, ieu nu disebut “penghapusan Sunda secara sistematis” teh? Sanajan, nu leuwih "tiis jeung rasional" mah, keur kuring: Ku cara kitu satemenna Kompas nyoretan beungeutna sorangan. Wanda intelek Kompas -- nu salah sahijina “care” jeung “peka” dina perkara basa jeung kabudayaan lokal -- rada ngurangan. Asa manglebarkeun, campur ngahelas. Utamana, mun inget yen eta kortan dibaca ku loba jalma, bari kalangan menengah jeung atas pisan,. Bisa jadi naon nu ditulis Kompas teh nya kitu kuduna: Cirendeu. Lain Cireundeu! Cileduk. Lain Ciledug! Cipendeuy. Lain Cipeundeuy! Kaharti mun aya pausahaan properti keukeuh nyebut Bukit Jonggol. Lain Pasir Maung! Rek nyieun surat pembaca asa karagok. Lain teu wani, ngan rumasa sok emosional (totonden jalma tuna kaweruh!). Ti kamari mula kuring nungguan: Sugan aya urang Sunda nu haat ngacung. Ngoreksi eta kasalahan. Can manggih bae. Sugan ayeuna, meureun. Sanggeus ieu pangacaprukan dialungkeun ka leuwi Sipatahunan jeung Lebak Cawene. Saha kira-kirana nu bisa nyieun surat pembaca keur Kompas, nu eusina tiis tapi oge bisa ngajelaskeun “kasalahan gede” eta koran? Tong nepi ka aya anggapan siga nu nyalingker di luhur tadi: Ngogo Sunda teh kadar nyombo -- mepende hate. Malah, kadar ngamangpaatkeun tibrana nu nuju karulem. Gang Tengah, deukeut ka asar, 17 April 2009 Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441

