Ieu teh masalah KOmpas atawa masalah individu Editorna ? Meureun Editorna lain US.
On 4/17/09, Maman Gantra <[email protected]> wrote: > > > > *Sunda dina Kompas* > > Salaku urang Sunda nu kungsi jadi wartawan, geus ti zaman mahasiswa kuring > ajrih ka koran Kompas. Keur kuring, oge keur urang sarerea, Kompas teh > hiji media nu jugala. Oplahna ngaratus rewu. Iklanna oge kawilang munel. Teu > munasabah, taun 80-an, Jacob Oetama dina salah sahiji ceramahna, kungsi > nepikeun yen manehna bisa ngaharatiskeun koranna ka kum pembacana salila…2 > taun! Kituna teh, eta koran moal nepi ka bangkrut. Alesannana, nya alatan > panghasilan tina iklan nu lain bae nutupan kabutuhan produksi jeung > operasional eta koran. Tapi oge nyesakeun kauntungan nu lain saeutik.Kituna > teh, ieu koran bisa mere karaharjaan nu leuwih ti lumayan ka kum > wartawan jeung karyawanna. Asana, karek Kompas nu miboga kompleks perumahan > wartawan/karyawan sorangan – sanajan, tangtuna, teu sakabeh > wartawan/karyawanna kawadahan di eta perumahan. > > Alatan jugala tadi, teu aneh, mun Kompas lain bae boga pamedal buku jeung > jaringan toko buku (jaringan distribusi). Ti taun 80-an keneh, ieu koran t > eh geus jadi hiji konglomerasi nu usahana lain bae dina widang media jeung > informasi. Tapi, geus sumarambah kana widang-widang lianna – nu sipat > atawa wandana jauh tina urusan media citak. Mimiti bisnis radio, hotel, jeung > bank, nepi ka tambak udang, pendidikan, jeung pausahaan film. Kituna teh > bisnis media citak-na ge teu dipopohokeun. Teuing sabaraha puluh majalah, > tabloid, jeung koran nu mekar di ieu kelompok usaha teh. > > Lian ti kitu, husus koran Kompas, kualitas jurnalistikna ge kawilang > unggul. Mun teu jadi standar resmi pikeun dunya jurnalistik Indonesia ge, > kualitas jurnalistik Kompas jelas aya di papan atas – bareng jeung sawatara > media lianna. Boh karepna ngebrehkeun pasoalan nu nyampak di masarakat, oge > cara maranehna ngebrehkeun pasoalan tadi. Lain bae prinsip keberimbangan > jeung akurasi fakta nu pageuh dijaga, tapi oge babasaan nu dipake dina eta > koran matak tingtrim kana ati. Bari teu ngaleungitkeun karep ngawangung > watek jeung kasadaran kritis nu macana. Intina, di antara ratusan koran > jeung majalah kiwari Kompas salah sahiji media nu lain bae bisa dipercaya. > Tapi oge elegant atawa teu kampungan dina prak-prakannana. Nepi ka, keur > sawatara urang mah asa can jejeg ngalakonan poe mun encan maca Kompas. > > Lian ti kitu, salaku urang Sunda, kuring ningali Kompas kawilang gede > “kahaatna” ka urang Sunda. Sanajan, “kahaat” eta bisa oge dibukaan kalawan > leuwih gemet: Naha eta teh kawijakan resmi eta koran, nu nganggap Sunda > salaku subyek jenting ? Atawa, kadar “kreativitas” wartawanna? Hususna, > wartawan senior siga Kang Her (Suganda), nu loba pisan nulis ngeunaan > ka-Sunda-an – naha nu mangrupa sajarah, budaya, atawa pasoalan > sosial-ekonomi nu tumiba ka urang Sunda. > > Mun tea mah “kameumeut” eta kaluar salaku kawijakan resmi ge, kuring sok > remen suudzon: Loba soteh ngebrehkeun perkara Sunda, kadar strategi > marketing wungkul. Nyeueung pembaca Kompas lolobana caricing di Tatar Sunda, > komo kiwari zaman otonomi daerah, daek teu daek maranehna “ngogo” (urang) > Sunda. Lain bae ngalobaan warta-warta ngeunaan Tatar Sunda, tapi oge > medalkeun Kompas Jabar jeung Tribun Jabar. Dina sisi bisnis, Jawa Barat > keukeuh pasar media nu pangbadagna – nu salila ieu, meh saumur Orde Baru, > keur sektor koran, dikeukeuweuk ku Pikiran Rakyat. Hartina, munasabah mun > maranehna “ngogo” urang Sunda ku nembrakeun pasoalan-pasoalan nu nyampak di > Tatar Sunda. Kaasup mere rohangan nu lumayan lega pikeun tulisan-tulisan > atawa kolom ngeunaan ka-Sunda-an. (Sanajan, sakapeung, wacana ka-Sunda-an nu > nyampak di eta koran teh, keur kuring, teu maju-maju. Kitu jeung kitu bae). > > Anapon kaitung ngogo jeung katingali "boga kahaat" ka Tatar Sunda, naon bae > alesannana, aya hal nu keur kuring matak pihanjakaleun tina ieu koran teh: > Kaweruh jeung kapercekaan pangasuhna dina perkara budaya jeung basa Sunda. > Kaasup kaweruh nu sipatna standar -- lain kaliber ahli atawa pakar tea. > Conto nu natrat basa Kompas nulis ngeunaan hiji inohong ti Ciamis. Kuring > poho deui saha-sahana mah, ngan nu matak ningnang sakaligus matak ngahelas: > Dina eta tulisan, si inohong teh disebutna “si Mbah”. Padahal, sanajan enya > loba urang Sunda nu boga karuhun ti Wetan, sakanyaho kuring, kumna lalaki > kolot di Tatar Sunda, mun teu disebut Abah nya Aki. Geus kajudi, wartawan > nu nulis eta artikel pasti urang Jawa – bari can apal kana kabiasaan urang. > > Nu leuwih natrat deui, dina ngalarapkeun “e” (teleng? Atawa pepet, kitu?) > jeung “eu”. Enya dina perkara bedahna Situ Gintung kamari. Nu kabaca ku > kuring, tiap nulis “Cireundeu”, ieu koran jugala nu jadi semi standar > jurnalistik jeung kumna masarakat teh keukeuh peuteukeuh nulis eta tempat > teh jadi “Cirendeu”. Karuhan nulis “ojeg” jadi “ojek” mah – nurutkeun letah > urang Jawa. Kuring masih narima, da – mun teu salah – ceuk Kamus Besar > Bahasa Indonesia memang kitu kuduna. Tapi, hususon ngeunaan ngaran tempat, > salaku urang Sunda, hate teh teu merean. Antukna ambek kapegung. Piraku > kadar ngaran tempat ge rek diakusisi? Pan eta teh bagean tina sajarah? Tina > kasadaran budaya? Boa-boa, ieu nu disebut “penghapusan Sunda secara > sistematis” teh? > > Sanajan, nu leuwih "tiis jeung rasional" mah, keur kuring: Ku cara kitu > satemenna Kompas nyoretan beungeutna sorangan. Wanda intelek Kompas -- nu > salah sahijina “care” jeung “peka” dina perkara basa jeung kabudayaan lokal > -- rada ngurangan. Asa manglebarkeun, campur ngahelas. Utamana, mun inget > yen eta kortan dibaca ku loba jalma, bari kalangan menengah jeung atas > pisan,. Bisa jadi naon nu ditulis Kompas teh nya kitu kuduna: Cirendeu. Lain > Cireundeu! Cileduk. Lain Ciledug! Cipendeuy. Lain Cipeundeuy! Kaharti mun > aya pausahaan properti keukeuh nyebut Bukit Jonggol. Lain Pasir Maung! > > Rek nyieun surat pembaca asa karagok. Lain teu wani, ngan rumasa sok > emosional (totonden jalma tuna kaweruh!). Ti kamari mula kuring nungguan: > Sugan aya urang Sunda nu haat ngacung. Ngoreksi eta kasalahan. Can manggih > bae. Sugan ayeuna, meureun. Sanggeus ieu pangacaprukan dialungkeun ka leuwi > Sipatahunan jeung Lebak Cawene. Saha kira-kirana nu bisa nyieun surat > pembaca keur Kompas, nu eusina tiis tapi oge bisa ngajelaskeun “kasalahan > gede” eta koran? Tong nepi ka aya anggapan siga nu nyalingker di luhur tadi: > Ngogo Sunda teh kadar nyombo -- mepende hate. Malah, kadar ngamangpaatkeun > tibrana nu nuju karulem. > > Gang Tengah, deukeut ka asar, 17 April 2009 > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > >

