Sae pisan pami tiasa di bahasa Indonesiakeun teras dikintunkeun ka Kompas,
kang.Kumaha pami kitu?

Dian.

2009/4/17 Maman Gantra <[email protected]>

>
>
>  *Sunda  dina Kompas*
>
> Salaku urang Sunda nu kungsi jadi wartawan, geus ti zaman mahasiswa  kuring
> ajrih ka koran Kompas. Keur kuring, oge keur urang sarerea, Kompas teh
> hiji media nu jugala. Oplahna ngaratus rewu. Iklanna oge kawilang munel. Teu
> munasabah, taun 80-an, Jacob Oetama dina salah sahiji ceramahna, kungsi
> nepikeun yen manehna bisa ngaharatiskeun koranna ka kum pembacana salila…2
> taun! Kituna teh, eta koran moal nepi ka bangkrut. Alesannana, nya alatan
> panghasilan tina iklan nu lain bae nutupan kabutuhan produksi jeung
> operasional eta koran. Tapi oge nyesakeun kauntungan nu lain saeutik.Kituna 
> teh, ieu koran bisa mere karaharjaan nu leuwih ti lumayan ka kum
> wartawan jeung karyawanna. Asana, karek Kompas nu miboga kompleks perumahan
> wartawan/karyawan sorangan – sanajan, tangtuna, teu sakabeh
> wartawan/karyawanna kawadahan di eta perumahan.
>
> Alatan jugala tadi, teu aneh, mun Kompas lain bae boga pamedal buku jeung
> jaringan toko buku (jaringan distribusi). Ti taun 80-an keneh, ieu koran t
> eh geus jadi hiji konglomerasi nu usahana lain bae dina widang media jeung
> informasi. Tapi, geus sumarambah kana widang-widang lianna – nu sipat
> atawa wandana jauh tina urusan media citak. Mimiti bisnis radio, hotel, jeung
> bank, nepi ka tambak udang, pendidikan, jeung pausahaan film. Kituna teh
> bisnis media citak-na ge teu dipopohokeun. Teuing sabaraha puluh majalah,
> tabloid, jeung koran nu mekar di ieu kelompok usaha teh.
>
> Lian ti kitu, husus koran Kompas, kualitas jurnalistikna ge kawilang
> unggul. Mun teu jadi standar resmi pikeun dunya jurnalistik Indonesia ge,
> kualitas jurnalistik Kompas jelas aya di papan atas – bareng jeung sawatara
> media lianna. Boh karepna ngebrehkeun pasoalan nu nyampak di masarakat, oge
> cara maranehna ngebrehkeun pasoalan tadi. Lain bae prinsip keberimbangan
> jeung akurasi fakta nu pageuh dijaga, tapi oge babasaan nu dipake dina eta
> koran matak tingtrim kana ati. Bari teu ngaleungitkeun karep ngawangung
> watek jeung kasadaran kritis nu macana. Intina, di antara ratusan koran
> jeung majalah kiwari Kompas salah sahiji media nu lain bae bisa dipercaya.
> Tapi oge elegant atawa teu kampungan dina prak-prakannana. Nepi ka, keur
> sawatara urang mah asa can jejeg ngalakonan poe mun encan maca Kompas.
>
> Lian ti kitu, salaku urang Sunda, kuring ningali Kompas  kawilang gede
> “kahaatna” ka urang Sunda. Sanajan, “kahaat” eta bisa oge dibukaan kalawan
> leuwih gemet: Naha eta teh kawijakan resmi eta koran, nu nganggap Sunda
> salaku subyek jenting ? Atawa, kadar “kreativitas” wartawanna? Hususna,
> wartawan senior siga Kang Her (Suganda), nu loba pisan nulis ngeunaan
> ka-Sunda-an – naha nu mangrupa sajarah, budaya, atawa pasoalan
> sosial-ekonomi nu tumiba ka urang Sunda.
>
> Mun tea mah “kameumeut” eta kaluar salaku kawijakan resmi ge, kuring sok
> remen suudzon: Loba soteh ngebrehkeun perkara Sunda, kadar strategi
> marketing wungkul. Nyeueung pembaca Kompas lolobana caricing di Tatar Sunda,
> komo kiwari zaman otonomi daerah, daek teu daek maranehna “ngogo” (urang)
> Sunda. Lain bae ngalobaan warta-warta ngeunaan Tatar Sunda, tapi oge
> medalkeun Kompas Jabar jeung Tribun Jabar. Dina sisi bisnis, Jawa Barat
> keukeuh pasar media nu pangbadagna – nu salila ieu, meh saumur Orde Baru,
> keur sektor koran, dikeukeuweuk ku Pikiran Rakyat. Hartina, munasabah mun
> maranehna “ngogo” urang Sunda ku nembrakeun pasoalan-pasoalan nu nyampak di
> Tatar Sunda. Kaasup mere rohangan nu lumayan lega pikeun tulisan-tulisan
> atawa kolom ngeunaan ka-Sunda-an. (Sanajan, sakapeung, wacana ka-Sunda-an nu
> nyampak di eta koran teh, keur kuring, teu maju-maju. Kitu jeung kitu bae).
>
> Anapon kaitung ngogo jeung katingali "boga kahaat" ka Tatar Sunda, naon bae
> alesannana, aya hal nu keur kuring matak pihanjakaleun tina ieu koran teh:
> Kaweruh jeung kapercekaan pangasuhna dina perkara budaya jeung basa Sunda.
> Kaasup kaweruh nu sipatna standar -- lain kaliber ahli atawa pakar tea.
> Conto nu natrat basa Kompas nulis ngeunaan hiji inohong ti Ciamis. Kuring
> poho deui saha-sahana mah, ngan nu matak ningnang sakaligus matak ngahelas:
> Dina eta tulisan, si inohong teh disebutna “si Mbah”. Padahal, sanajan enya
> loba urang Sunda nu boga karuhun ti Wetan, sakanyaho kuring, kumna lalaki
> kolot di Tatar Sunda, mun teu disebut Abah nya Aki.  Geus kajudi,  wartawan
> nu nulis eta artikel pasti urang Jawa – bari can apal kana kabiasaan urang.
>
> Nu leuwih natrat deui, dina ngalarapkeun “e” (teleng? Atawa pepet, kitu?)
> jeung “eu”. Enya dina perkara bedahna Situ Gintung kamari. Nu kabaca ku
> kuring, tiap nulis “Cireundeu”, ieu koran jugala nu jadi semi standar
> jurnalistik jeung kumna masarakat teh keukeuh peuteukeuh nulis eta tempat
> teh jadi “Cirendeu”. Karuhan nulis “ojeg” jadi “ojek” mah – nurutkeun letah
> urang Jawa. Kuring masih narima, da – mun teu salah – ceuk Kamus Besar
> Bahasa Indonesia memang kitu kuduna. Tapi, hususon ngeunaan ngaran tempat,
> salaku urang Sunda, hate teh teu merean. Antukna ambek kapegung. Piraku
> kadar ngaran tempat ge rek diakusisi? Pan eta teh bagean tina sajarah? Tina
> kasadaran budaya? Boa-boa, ieu nu disebut “penghapusan Sunda secara
> sistematis” teh?
>
> Sanajan, nu leuwih "tiis jeung rasional" mah, keur kuring: Ku cara kitu
> satemenna Kompas nyoretan beungeutna sorangan. Wanda intelek Kompas -- nu
> salah sahijina “care” jeung “peka” dina perkara basa jeung kabudayaan lokal
> --  rada ngurangan. Asa manglebarkeun, campur ngahelas. Utamana, mun inget
> yen eta kortan dibaca  ku loba jalma, bari kalangan menengah jeung atas
> pisan,. Bisa jadi naon nu ditulis Kompas teh nya kitu kuduna: Cirendeu. Lain
> Cireundeu! Cileduk. Lain Ciledug! Cipendeuy. Lain Cipeundeuy! Kaharti mun
> aya pausahaan properti keukeuh nyebut Bukit Jonggol. Lain Pasir Maung!
>
> Rek nyieun surat pembaca asa karagok. Lain teu wani, ngan rumasa sok
> emosional (totonden jalma tuna kaweruh!). Ti kamari mula kuring nungguan:
> Sugan aya urang Sunda nu haat ngacung. Ngoreksi eta kasalahan. Can manggih
> bae. Sugan ayeuna, meureun. Sanggeus ieu pangacaprukan dialungkeun ka leuwi
> Sipatahunan jeung Lebak Cawene. Saha kira-kirana nu bisa nyieun surat
> pembaca keur Kompas, nu eusina tiis tapi oge bisa ngajelaskeun “kasalahan
> gede” eta koran? Tong nepi ka aya anggapan siga nu nyalingker di luhur tadi:
> Ngogo Sunda teh kadar nyombo -- mepende hate. Malah, kadar ngamangpaatkeun
> tibrana nu nuju karulem.
>
> Gang Tengah, deukeut ka asar, 17 April 2009
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>

Kirim email ke