Sigana kedah ditinggali deui naon definisi "nulis" teh. Samodel kuring nu teu biasa nulis carita deskripsi siga abah bandung dihandap, kuring mah leuwih lancar "nulis" make angka/data jeung formulasi strategy. Skripsi kuring baheula palingan nyarita make hurup na ngan 10%, eta oge ngan saukur bab 1-pendahuluan. Saleuwihna make angka jeung bahasa program komputer meunang ngopy ti walanda. Malah boro-boro ngisian blog, ngisi status di facebook wae kadang bingung naon nu rek ditulis.
Adiet Sent from my BlackBerry® -----Original Message----- From: Moch Dachman Maman <[email protected]> Date: Wed, 22 Apr 2009 07:45:46 To: <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan Nulis teh keur nu geus biasa mah, teu matak jadi susah, bisa ngaguluyur we jiga cai tina pancuran, bari jeung ngaleunjeur deuih kituna teh, tapi ari keur nu teu biasa mah, estu matak jadi rudet hate kurang-kurangna mah. Jadi inget kana tulisan Arswendo, cenah nulis teh gampang, lir urang ari keur ngobrol jeung babaturan we kitu, kapan cenah mun urang keur ngawangkong sagala didongengkeun teh teu karasa kaluar ku maneh, tah cenah nulis ge kitu, kari mindahkeun obrolan anu biasa ku urang didongengkeun kana tulisan, kari ngaganti naon-naon nu biasa diomongkeun ku urang kana tulisan. Enya nyarita mah gampang, tapi prakna nu hese mah, dina otak jeung dina pikiran mah mani pinuh piomongeun jeung nu rek diobrolkeun teh, tapi mun pareng rek ditulis mah angger we ramo teh tetegeeun, hese rek dipake ngamimitian tret teh, dina computer nya kitu keneh, mata teh kalah anteng neuteup cursor, atuh ramo ukur diketrek-ketrekkeun we hayoh nakolan keyboard, sedeng tulisan angger teu jadi-jadi. Ieu teh umumna memang kitu, keur nu teu biasa nulis mah, atawa ku anu kakara rek diajar nulis mah bakal kaalaman, wajar sabenerna. Beda jeung anu geus biasa, contona balatak, nu deet wae Kang Maman Gantra ti Jakarta, keur mah eukeur aya kasang-tukangna baheula, pernah jadi wartawan, tulisanana keur ngaleunjeur teh jiga cai tea ngaguluyur, ngagolontor boa. Nepi ka sakapeung kunu geus kahot dina tulisan mah, sok ngahaja diembohan, didangding, direka jeung dianggit ku kalimah-kalimah sastra. Tapi da sarua awalna mah kitu. Hese tea. Rek tulisan Basa Indonesia atawa Basa Sunda sarua we kitu, malah mun pareng ngabingbing barudak mahasiswa nyieun skripsi, nu pangheulana ditingali teh tulisanana heula, sok loba nu salah ngetikna, rek nu teu dihaja rek nu dihaja, mun katingali dina sakaca masih keneh loba nu salah ngetikna sok ngahaja dibalikkeun deui, sangkan diedit deui, bari ditingalikeun kasalahan-kasalahan salah ngetikna. Komo deui dina Basa Sunda, malah kapan ku Kang Maman Gantra pernah diguar, perkara tulisan dina Koran Kompas tea, lebah dieu mah ulah dina Kompas, di urang we didieu, dina millis Urang Sunda, pan loba keneh nu salah ngetikna, bari lain teu kahaja deui kituna teh, balatak keneh kecap-kecap nu kuduna make “EU” ditulis “E” atawa sabalikna, saperti “Cireundeu” tea jadi “Cirendeu” Tapi parandene kitu, ulah matak jadi ngareunteut, lantaran sieun salah nulis, jadi eureun kana tutulisanana, lain kadinya maksud mah, nulis mah teruskeun, malah kudu leuwih remen bari latihan, sakalieun aya nu salah mah, tong hariwang engke ge aya nu menerkeun. Malah kudu atoh sabenerna aya Millis Urang Sunda teh, lantaran bisa dipake ajang latihan, bisa dijieun Kawah Candradimuka-na keur nu hayang diajar nulis mah, lantaran eusi tulisan bisa rupa-rupa, jejer carita nu didongengkeun bisa warna-warni, teu kawatesanan ku hiji jejer bae, malah kapan cenah didieu mah, rek ngawadul meunang, rek ngarahul mangga. Malah aya embohna, jeung nu maca tulisan bakal leuwih deukeut, leuwih anteb, lantaran hiji tulisan, langsung aya nu macana, malah kapan saking akrabna, nepi ka ku anu saliwat mah, katingali jiga enya nu rek silih kadek teh, padahal ukur ngadu rahul. Jadi inget baheula, di Alun-alun Bandung, aya nu rek gelut, duanana pada wani, tipoporongos embung ngelehan, nu rek misah ge hemar-hemir sieun kabarerang, kabeneran aya pulisi ngaliwat, dijewang tah nu keur ragot teh duanana ku pulisi, dicerek bari dibawa ka WC alun-alun di juru, bari diasupkeun duanana ka jero WC, ceuk si pulisi teh :”Pek siah…! di jero rek garelut mah, rek silih paehan ge kajeun teuing, kadinyah ”. Nu lalajo mah bari ronghok teh hariwang. 5 menit jempling, 10 menit nya kitu keneh, geus saparapat jam panto WC dibuka deui ku pulisi, barang bray teh, boro-boro garelut, kalah ting elengeh, ting kelemes kaisinan. Akh… balik deui kana jejer tulisan, ngirimkeun tulisan ka Majalah, atawa kana Koran mah can tangtu bisa kitu, lantaran ka-uger ku aturan nu aya dina Koran/majalah eta, sok diedit heula, naha perlu dimuat atawa henteu. Sakira-kira teu perlu dimuat keur poe eta mah tara dimuat, ngan bae mun Koran/majalahna rada hade mah sok mere bewara, yen tulisan teu bisa dimuat teh alatanana disebutkeun, jeung sok nganuhunkeun deuih, bari diwanti-wanti ulah bosen-bosen cenah ngirimkeun tulisanana. Tah didieu ge, meungpeung aya tempatna, ulah bosen-bosen ngirim tulisan atawa nuliskeun sagala jejer carita, anu perlu dituliskeun. Saratna nyaeta nulis….. nulis...nulis.... Cag. ================================ H.Maman Moch Dachman. Jl. Margajaya V. No. 5 Bandung - 40224 visit; [email protected] http ://abahbandung.blogspot.com ================================ Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

