Mang jamal,leureus pisan urang teh keudah ngamangfaatkeun internet.Sajabina tiasa komunikasi,neangan elmu oge teu seep-seep dina internet mah tinggal daek jeung wani mayarna,he...he..he......... contona Barrack Husein Obbama,cari pendukung na teh sabagian ti internet,dugi ka tiasa ngeleh keun lawan-lawan na anu tangguh,leureus mang ???
________________________________ From: mangjamal <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09:27 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog, kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda. meureun baheula mah ngan tukang ngarang nu nulis basa sunda teh, kitu oge, ngan di koran atawa majalah basa sunda. kiwari mah sadayana ge bisa nulis ku basa sunda. teu kudu ka majalah/korankeun. pangalamana nulis si kuring mah sigana alatan bosen ngagambar. da sakola, desain, nu kalolobana kudu mangrupa gambar. tulisan teh sawareh geus dibukukeun, mangrupa novel. heuheu. sakapeung sok nyerengeh sorangan, asa teu percaya, si kuring bisa ngarang novel, malah geus genep. sok hayang apal, kumaha pangalaman nu maca, maca karangan novel eta. da asa teu yakin eta teh beubeunangan si kuring. heuheu.. taun 2003 februari asana mah. ngawawani karep ngirim tulisan ka koran jugala, Kompas. ongkoh ayeuna mah teu barabe, teu kudu diprangkoan, cukup make e-mail. ngirim ka Kompas teh, kabeneran aya rubrik Desain. asa bisa nulis di rubrik eta. ari jejerna mah perkara korsi. judulna hikayat kursi. dimuat! atuh puguh we percaya teu percaya. apal soteh aya nu ngabejaan. nya muru ka teras-kabeneran langganan, bari diteangan kaca nu ngamuat tulisan. enya aya. atoh, ise suprise! eta tulisan diarsipkeun di multiply jeung facebook. ti harita nya terus nulis. sanajan beuki dieu, beuki hese neangan gagasan nu layak tayang.kompas muka lembar jawa barat, nya didinya we ayeuna mah nu rada mindeng, sanajan teu dua bulan sakali. ayeuna keur sakola deui, sok dieleg ku pembimbing, kade ieu mah akademis, ulah nulis tugas siga novel cenah! haha ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

