Palay mah palay nulis jadi hiji kabiasaan, dipaksakeun hese tah naon kudu 
dituliskeun teh, poekeun, komo lamun geus mikir tata/undah unduh basana, tebih 
kana nyurulungna.
Utamina seratan keur di majalah/koran, jigana aya unsur seni & bakat,keur 
nu teu aya bakat/seni  mah keur lila waktu neangan/nyusunna nu dipedarkeun, 
hasilna ge teu maksimal, komo ngaharepkeun nu macana lebet/kabawa kana 
jiwana/arus tulisan.     
Kitu oge latar belakang kahirupan penulis sapertos contona jalmi teknik/non 
teknik aya pangaruhna, umumna orang teknik teu bisa panjang2 ngungkapkeun 
masalah.
Kukituna ngahaturkeun nuhun ka milis ieu sareng nu sok ngeusian ku 
seratanna, tos masih kasempatan diajar nyerat, tetebiheun tina janten nulis 
jadi hiji kabiasaan.
Hatur nuhun kana seratanna, nimbulkan samangat nyobi sareng nyobi nyerat.  
 
--- On Tue, 4/21/09, Moch Dachman Maman <[email protected]> wrote:


From: Moch Dachman Maman <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
To: [email protected]
Date: Tuesday, April 21, 2009, 11:45 PM









Nulis teh keur nu geus biasa mah, teu matak jadi susah, bisa ngaguluyur we jiga 
cai tina pancuran, bari jeung ngaleunjeur deuih kituna teh, tapi ari keur nu 
teu biasa mah, estu matak jadi rudet hate kurang-kurangna mah.
Jadi inget kana tulisan Arswendo, cenah nulis teh gampang, lir urang ari keur 
ngobrol jeung babaturan we kitu, kapan cenah mun urang keur ngawangkong sagala 
didongengkeun teh teu karasa kaluar ku maneh, tah cenah nulis ge kitu, kari 
mindahkeun obrolan anu biasa ku urang didongengkeun kana tulisan, kari ngaganti 
naon-naon nu biasa diomongkeun ku urang kana tulisan.
Enya nyarita mah gampang, tapi prakna nu hese mah, dina otak jeung dina pikiran 
mah mani pinuh piomongeun jeung nu rek diobrolkeun teh, tapi mun pareng rek 
ditulis mah angger we ramo teh tetegeeun, hese rek dipake ngamimitian tret teh, 
dina computer nya kitu keneh, mata teh kalah anteng neuteup cursor, atuh ramo 
ukur diketrek-ketrekkeun we hayoh nakolan keyboard, sedeng tulisan angger teu 
jadi-jadi.
Ieu teh umumna memang kitu, keur nu teu biasa nulis mah, atawa ku anu kakara 
rek diajar nulis mah bakal kaalaman, wajar sabenerna. Beda jeung anu geus 
biasa, contona balatak, nu deet wae Kang Maman Gantra ti Jakarta, keur mah 
eukeur aya kasang-tukangna baheula, pernah jadi wartawan, tulisanana keur 
ngaleunjeur teh jiga cai tea ngaguluyur, ngagolontor boa. Nepi ka sakapeung 
kunu geus kahot dina tulisan mah, sok ngahaja diembohan, didangding, direka 
jeung dianggit ku kalimah-kalimah sastra. Tapi da sarua awalna mah kitu. Hese 
tea.
Rek tulisan Basa Indonesia atawa Basa Sunda sarua we kitu, malah mun pareng 
ngabingbing barudak mahasiswa nyieun skripsi, nu pangheulana ditingali teh 
tulisanana heula, sok loba nu salah ngetikna, rek nu teu dihaja rek nu dihaja, 
mun katingali dina sakaca masih keneh loba nu salah ngetikna sok ngahaja 
dibalikkeun deui, sangkan diedit deui, bari ditingalikeun kasalahan-kasalahan 
salah ngetikna.
Komo deui dina Basa Sunda, malah kapan ku Kang Maman Gantra pernah diguar, 
perkara tulisan dina Koran Kompas tea, lebah dieu mah ulah dina Kompas, di 
urang we didieu, dina millis Urang Sunda, pan loba keneh nu salah ngetikna, 
bari lain teu kahaja deui kituna teh, balatak keneh kecap-kecap nu kuduna make 
“EU” ditulis “E” atawa sabalikna, saperti “Cireundeu” tea jadi “Cirendeu” 
Tapi parandene kitu, ulah matak jadi ngareunteut, lantaran sieun salah nulis, 
jadi eureun kana tutulisanana, lain kadinya maksud mah, nulis mah teruskeun, 
malah kudu leuwih remen bari latihan, sakalieun aya nu salah mah, tong hariwang 
engke ge aya nu menerkeun.
Malah kudu atoh sabenerna aya Millis Urang Sunda teh, lantaran bisa dipake 
ajang latihan, bisa dijieun Kawah Candradimuka- na keur nu hayang diajar nulis 
mah, lantaran eusi tulisan bisa rupa-rupa, jejer carita nu didongengkeun bisa 
warna-warni, teu kawatesanan ku hiji jejer bae, malah kapan cenah didieu mah, 
rek ngawadul meunang, rek ngarahul mangga. Malah aya embohna, jeung nu maca 
tulisan bakal leuwih deukeut, leuwih anteb, lantaran hiji tulisan, langsung aya 
nu macana, malah kapan saking akrabna, nepi ka ku anu saliwat mah, katingali 
jiga enya nu rek silih kadek teh, padahal ukur ngadu rahul.
Jadi inget baheula, di Alun-alun Bandung, aya nu rek gelut, duanana pada wani, 
tipoporongos embung ngelehan, nu rek misah ge hemar-hemir sieun kabarerang, 
kabeneran aya pulisi ngaliwat, dijewang tah nu keur ragot teh duanana ku 
pulisi, dicerek bari dibawa ka WC alun-alun di juru, bari diasupkeun duanana ka 
jero WC, ceuk si pulisi teh :”Pek siah…! di jero rek garelut mah, rek silih 
paehan ge kajeun teuing, kadinyah ”. Nu lalajo mah bari ronghok teh hariwang. 5 
menit jempling, 10 menit nya kitu keneh, geus saparapat jam panto WC dibuka 
deui ku pulisi, barang bray teh, boro-boro garelut, kalah ting elengeh, ting 
kelemes kaisinan. 
Akh… balik deui kana jejer tulisan, ngirimkeun tulisan ka Majalah, atawa kana 
Koran mah can tangtu bisa kitu, lantaran ka-uger ku aturan nu aya dina 
Koran/majalah eta, sok diedit heula, naha perlu dimuat atawa henteu. 
Sakira-kira teu perlu dimuat keur poe eta mah tara dimuat, ngan bae mun 
Koran/majalahna rada hade mah sok mere bewara, yen tulisan teu bisa dimuat teh 
alatanana disebutkeun, jeung sok nganuhunkeun deuih, bari diwanti-wanti ulah 
bosen-bosen cenah ngirimkeun tulisanana.
Tah didieu ge, meungpeung aya tempatna, ulah bosen-bosen ngirim tulisan atawa 
nuliskeun sagala jejer carita, anu perlu dituliskeun. Saratna nyaeta nulis….. 
nulis...nulis. ...
Cag. 

============ ========= ========= ==
H.Maman Moch Dachman.
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
maman.mochdachman@ gmail.com
http ://abahbandung. blogspot. com
============ ========= ========= ==

Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari email 
atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger .yahoo.com/ invite/
















      

Kirim email ke