Baheula nu panghoream horeamna,
lamun dititah ngarang ku guru, loba mikir, tapi mun nek gutrut nulis
sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
Rumasa diajar kutrat kotret nulis
hususna nulis basa sunda, nya dimilis ieu, modalna mah pede we, da
dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa dimajalah,rangkedut ge tetep
dimuat, paling paling nu teu purun maca langsung didilet.
Nepika kiwari diajar nulis teh
angger we lelengkah halu, meureun ku loba heureuy tea, heureuy forever.
Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek
nulis dimilis sok make tips kieu:
1.Biasana datangna ideu teh sok
ngadadak, tah meh teu poho gancang catet ari dicatet dina pikiran mah
sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina memo hape.Catet jejerna
wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina memori ingetan
urang. Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh lolobana
mah catetan bon ketah.
2. Biasana nulis teh gumantung ka
den emood, keur bad emood mah nulis teh tara baleg, komo keur bad emood
dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas panggih jeung popotongan
keur dikaleng batur he he....
3.Kawantu basa sunda mah kaasup
bahasa antik, jadi nempatkeun "é"
"e" jeung "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung
sakuringeun mah samemeh ditulis teh sok tes pokal heula,
diceuleuweungkeun, atawa bisi nu gigireun luncat bakating ku reuwas,
cukup digerenengkeun atawa dijero hate bae.
4.Samemeh dicemplungkeun ka milis,
sok dibaca heula meunang tilu balikan mah, bisi aya kecap atawa basa
anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah bisi aya nu salah kamar tea.
Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho nenjrag bumi heula tilu
kali.
5. Tips anu kalima, balik deui ka
tips anu kahiji.
Sok ah geura der narulis, boa
kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis ieu, jadi bahan forward-eun
ka milis batur, teu cara ayeuna.
syam ridwan
sunda ngawadul sunda ngarahul
-----
Original Message -----
Sent:
Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
Subject:
Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon
hirup atawa pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana
milis jeung blog, kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make
basa Sunda.
.