Ayi ira, punten ieu mah mung bubuka sateuacanna dipedar ku ahlina, nu langkung 
terang perkawis ieu:
 
1.Nincak Endok
Endog teh silib sagala bakal, bakal daging, bakal getih, bakal nyawa. Dijaga ku 
ibu rama bisi peupeus, bisi remek memeh usum. Ari geus waktuna mah sarta ku nu 
gaduhna, endog teh pek wae peupeuskeun ( ditincak ).
 
2.Ngeuyeuk Seureuh.
Kecap ngeuyeuk asalna tina kecap ngaheuyeuk  nyaeta ngurus, ngolah.
Ngurus lambaran2 seureuh disusun beuteung seureuh di adu2 keun sareng 
beuteung seureuh sejenna ditalian ku bola, bari teu dipetik tina tangkayananana.
Calon panganten istri/pameget pa-loba2 nyieun lukun (tek-tek) bari daun 
seureuhna teu dipetikan tina tangkayanana.
Ieu mangrupi nasehat ka calon panganten yen engkena upami parantos rarabi kedah 
hirup seiya sekata silih ajenan dugi kahanteuna. 
 
3. Saweran.
Wuwuruk ka putrana nu nembe pisan walimahan, mung ku basa siloka, atawa 
dibungkus ku basa2 seni bari dihariringkeun.
 
Punten bilih lepat.        
 


--- On Tue, 4/28/09, yuya ira <[email protected]> wrote:


From: yuya ira <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda
To: [email protected]
Date: Tuesday, April 28, 2009, 2:57 AM












asw

Bade tumaros, perkawis fislosofi - filosofi nu aya dina adat walimah sunda, 
sapertos nincak endog, ngeyeuk seureuh, saweran sareng sajabina. 

hatur nuhun sateuacanna.

was

















      

Kirim email ke