punten, ngiring nimbrung... pami teu lepat maha aya oge acara meuleum harupat, eta simbol tina miceun kasial, nolak bala..hartosnamah, yen saparantosna nikah, eta pasangan teh kedah hati-hati, tong lalawora dina pagaulan, da ayeunamah tos duaan, tos aya pasangan, teu munggara deui... duh lebar nya budaya anu sakitu agungna, kiwari melempem, jarang nu ngangge, padahal urang teh urang sunda, kedah ngamumule budaya urang, budaya sunda..... menurut abdi, terkikisna budaya sunda sapertos adat walimah sunda ieu, sabab seueur "ulama-ulama" anyar anu cawadan, babari pisan nyalahkeun tur ngabid'ahkeun kana ayana upacara sapertos kitu. sapertos nincak endog, cenah lebar, mendingan oge digoreng eta endog teh, cenahmah ngamubadirkeun. punten, paralun, sanes teu satuju kana konsep mubadzir, tapi nilai pendidikan anu dikandung ku eta siloka teh kacida mundelna, luhur pangaosna dibatan meupeuskeun endong hiji.......... tah, meh urang tiasa ngamumule budaya urang sarupi walimah adat sunda, punten ka para ajengan-kiyai, ustadz, tong patos teuing jawadan ah........ da tatar sundamah sanes arab saudi, hehe.....
--- Pada Rab, 29/4/09, [email protected] <[email protected]> menulis: Dari: [email protected] <[email protected]> Topik: Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 29 April, 2009, 4:11 PM Leres eta seratan teh mung sabagian alit sabatas anu ditaroskeun ayi ira, anu langkung paos mah kedah ku nu ahlina .Upacara adat sunda pangantenan karuhun urang nu lengkep mah seueur pisan. Nincak endog tos jarang pisan, komo ngeuyeuk seureuh mah abdi ge teu acan kantos nyaksian, muhun nu hese hilap mah acara huap lingkung - pabebenyeng bakakak hayam. Cenah mah huap lingkung teh nandakeun yen saentosna janten ewe salaki, tos henteu tanggel waler/dihuapan deui ku ibu ramana, raos teu raos kedah diraoskeun ku duaan, kedah sapapait samamanis. Upami teu lepat sanguna mung sapiring dituang ku duaan, hartosna mustika istri mung carogena anu berhak. Meupeuskeun kalapa kana taneuh mah nembe nguping, panginten sami sareng nincak endog. Aya adat sunda pangantenan anu jaman kiwari hese ngalaksanakeunnana, nyaeta panganten pameget isteri salami tujuh dinten saentos akad nikah teu kenging ...... campur, kukituna kapaksa bobo oge papisah. Hapunten, bilih seueur nu lepat. --- On Wed, 4/29/09, aiwidya_YPMI@ yamaha-motor. co.id <aiwidya_YPMI@ yamaha-motor. co.id> wrote: From: aiwidya_YPMI@ yamaha-motor. co.id <aiwidya_YPMI@ yamaha-motor. co.id> Subject: Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda To: urangsu...@yahoogro ups.com Date: Wednesday, April 29, 2009, 3:01 AM aya nu teu kasebat asana mah da' pas walimahan abdi mah aya acara patarik-tarik hayam bakakak sareng mecahkeun kalapa kana taneuh tapi punten abdi mah teu terang naon maksadna nu karaos kana hate mah sateuacan saweran mung sakitu wae hapunten sateuacanna bilih lepat ai Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Sent by: urangsu...@yahoogro ups.com 04/28/2009 04:45 PM Please respond to urangsu...@yahoogro ups.com To urangsu...@yahoogro ups.com cc Subject Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda Ayi ira, punten ieu mah mung bubuka sateuacanna dipedar ku ahlina, nu langkung terang perkawis ieu: 1.Nincak Endok Endog teh silib sagala bakal, bakal daging, bakal getih, bakal nyawa. Dijaga ku ibu rama bisi peupeus, bisi remek memeh usum. Ari geus waktuna mah sarta ku nu gaduhna, endog teh pek wae peupeuskeun ( ditincak ). 2.Ngeuyeuk Seureuh. Kecap ngeuyeuk asalna tina kecap ngaheuyeuk nyaeta ngurus, ngolah. Ngurus lambaran2 seureuh disusun beuteung seureuh di adu2 keun sareng beuteung seureuh sejenna ditalian ku bola, bari teu dipetik tina tangkayananana. Calon panganten istri/pameget pa-loba2 nyieun lukun (tek-tek) bari daun seureuhna teu dipetikan tina tangkayanana. Ieu mangrupi nasehat ka calon panganten yen engkena upami parantos rarabi kedah hirup seiya sekata silih ajenan dugi kahanteuna. 3. Saweran. Wuwuruk ka putrana nu nembe pisan walimahan, mung ku basa siloka, atawa dibungkus ku basa2 seni bari dihariringkeun. Punten bilih lepat. --- On Tue, 4/28/09, yuya ira <akhwat_syahid@ yahoo.com> wrote: From: yuya ira <akhwat_syahid@ yahoo.com> Subject: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda To: urangsu...@yahoogro ups.com Date: Tuesday, April 28, 2009, 2:57 AM asw Bade tumaros, perkawis fislosofi - filosofi nu aya dina adat walimah sunda, sapertos nincak endog, ngeyeuk seureuh, saweran sareng sajabina. hatur nuhun sateuacanna. was ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

