aya nu teu kasebat asana mah da' pas walimahan abdi mah aya acara patarik-tarik hayam bakakak sareng mecahkeun kalapa kana taneuh
tapi punten abdi mah teu terang naon maksadna nu karaos kana hate mah sateuacan saweran mung sakitu wae hapunten sateuacanna bilih lepat ai Gagak Bandung <[email protected]> Sent by: [email protected] 04/28/2009 04:45 PM Please respond to [email protected] To [email protected] cc Subject Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda Ayi ira, punten ieu mah mung bubuka sateuacanna dipedar ku ahlina, nu langkung terang perkawis ieu: 1.Nincak Endok Endog teh silib sagala bakal, bakal daging, bakal getih, bakal nyawa. Dijaga ku ibu rama bisi peupeus, bisi remek memeh usum. Ari geus waktuna mah sarta ku nu gaduhna, endog teh pek wae peupeuskeun ( ditincak ). 2.Ngeuyeuk Seureuh. Kecap ngeuyeuk asalna tina kecap ngaheuyeuk nyaeta ngurus, ngolah. Ngurus lambaran2 seureuh disusun beuteung seureuh di adu2 keun sareng beuteung seureuh sejenna ditalian ku bola, bari teu dipetik tina tangkayananana. Calon panganten istri/pameget pa-loba2 nyieun lukun (tek-tek) bari daun seureuhna teu dipetikan tina tangkayanana. Ieu mangrupi nasehat ka calon panganten yen engkena upami parantos rarabi kedah hirup seiya sekata silih ajenan dugi kahanteuna. 3. Saweran. Wuwuruk ka putrana nu nembe pisan walimahan, mung ku basa siloka, atawa dibungkus ku basa2 seni bari dihariringkeun. Punten bilih lepat. --- On Tue, 4/28/09, yuya ira <[email protected]> wrote: From: yuya ira <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda To: [email protected] Date: Tuesday, April 28, 2009, 2:57 AM asw Bade tumaros, perkawis fislosofi - filosofi nu aya dina adat walimah sunda, sapertos nincak endog, ngeyeuk seureuh, saweran sareng sajabina. hatur nuhun sateuacanna. was

