adat walimahan...
nincak endog, meupeuskeun kendi, nyawer beas jeung duit
kencring, ngeuyeuk seureuh, huap lingkung jeung
sajabana, lolobana mah siloka. mun diguar mah eusina papatah.

papatah teh salakina bupatah.
tapi nu jelas mah, arahna kana harepan yen rumah tanggana
sing jadi mawaddah, warrohmah, sakinah, jeung ngeunah.


-Jay-



--- In [email protected], gagak...@... wrote:
>
> 
> Leres eta seratan teh mung sabagian alit sabatas anu ditaroskeun ayi ira, anu 
> langkung paos mah kedah ku nu ahlina .Upacara adat sunda pangantenan karuhun 
> urang nu lengkep mah seueur pisan. 
> Nincak endog tos jarang pisan, komo ngeuyeuk seureuh mah abdi ge teu acan 
> kantos nyaksian, muhun nu hese hilap mah acara huap lingkung  -  pabebenyeng 
> bakakak hayam.
>  
> Cenah mah huap lingkung teh nandakeun yen saentosna janten ewe salaki, tos 
> henteu tanggel waler/dihuapan deui ku ibu ramana, raos teu raos kedah 
> diraoskeun ku duaan, kedah sapapait samamanis.
> Upami teu lepat sanguna mung sapiring dituang ku duaan, hartosna mustika 
> istri mung carogena anu berhak.    
> 
>  
> Meupeuskeun kalapa kana taneuh mah nembe nguping, panginten sami sareng 
> nincak endog.
>  
> Aya adat sunda pangantenan anu jaman kiwari hese ngalaksanakeunnana, nyaeta 
> panganten pameget isteri salami tujuh dinten saentos akad nikah teu kenging 
> ...... campur, kukituna kapaksa bobo oge papisah.
>  
> Hapunten, bilih seueur nu lepat.
> 
> 
> --- On Wed, 4/29/09, aiwidya_y...@... <aiwidya_y...@...> wrote:
> 
> 
> From: aiwidya_y...@... <aiwidya_y...@...>
> Subject: Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, April 29, 2009, 3:01 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> aya nu teu kasebat asana mah 
> da' pas walimahan abdi mah aya acara patarik-tarik hayam bakakak sareng 
> mecahkeun kalapa kana taneuh 
> 
> tapi punten abdi mah teu terang naon maksadna 
> nu karaos kana hate mah sateuacan saweran 
> 
> mung sakitu wae 
> 
> hapunten sateuacanna bilih lepat 
> ai
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> 
> Sent by: urangsu...@yahoogro ups.com 
> 04/28/2009 04:45 PM 
> 
> 
> 
> 
> Please respond to
> urangsu...@yahoogro ups.com
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> To
> urangsu...@yahoogro ups.com 
> 
> 
> cc
> 
> 
> 
> Subject
> Re: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Ayi ira, punten ieu mah mung bubuka sateuacanna dipedar ku ahlina, nu 
> langkung terang perkawis ieu: 
>   
> 1.Nincak Endok 
> Endog teh silib sagala bakal, bakal daging, bakal getih, bakal nyawa. Dijaga 
> ku ibu rama bisi peupeus, bisi remek memeh usum. Ari geus waktuna mah sarta 
> ku nu gaduhna, endog teh pek wae peupeuskeun ( ditincak ). 
>   
> 2.Ngeuyeuk Seureuh. 
> Kecap ngeuyeuk asalna tina kecap ngaheuyeuk  nyaeta ngurus, ngolah. 
> Ngurus lambaran2 seureuh disusun beuteung seureuh di adu2 keun sareng 
> beuteung seureuh sejenna ditalian ku bola, bari teu dipetik tina 
> tangkayananana. 
> Calon panganten istri/pameget pa-loba2 nyieun lukun (tek-tek) bari daun 
> seureuhna teu dipetikan tina tangkayanana. 
> Ieu mangrupi nasehat ka calon panganten yen engkena upami parantos rarabi 
> kedah hirup seiya sekata silih ajenan dugi kahanteuna. 
>   
> 3. Saweran. 
> Wuwuruk ka putrana nu nembe pisan walimahan, mung ku basa siloka, atawa 
> dibungkus ku basa2 seni bari dihariringkeun. 
>   
> Punten bilih lepat.         
>   
> 
> 
> --- On Tue, 4/28/09, yuya ira <akhwat_syahid@ yahoo.com> wrote: 
> 
> From: yuya ira <akhwat_syahid@ yahoo.com>
> Subject: [Urang Sunda] naroskeun:adat walimah sunda
> To: urangsu...@yahoogro ups.com
> Date: Tuesday, April 28, 2009, 2:57 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> asw
> 
> Bade tumaros, perkawis fislosofi - filosofi nu aya dina adat walimah sunda, 
> sapertos nincak endog, ngeyeuk seureuh, saweran sareng sajabina. 
> 
> hatur nuhun sateuacanna.
> 
> was
>


Kirim email ke