naha enya setan musuh allah? urang mimitian ku nangtukeun heula, naon atuh ari setan teh? aya nu nyebut setan teh iblis, mahluk sabangsa jin nu teu nurut kana parentah pangeran, sujud ka adam--aya oge nu nyebut, iblis teh sabangsa jeung malekat. ti dinya si iblis/setan dikutuk ku allah engke jaga di aherat bakal dijadikeun suluh naraka. iblis ge meunang/menta pancen pikeun ngagoda manusa(/jin?) sangkan kaluar ti jalan bebeneran. keur ngabaturan jaga di naraka. aya oge nu nyebut, setan teh sabangsa jin jeung manusa nu boga sifat cara iblis. teu tunduk ka parentah pangeran, jeung karesepna ngagoda batur sangkan kaluar ti jalan bebeneran. tah kuharti-harti di luhur, ku kuring cek kuring, setan teh: iblis, jin, manusa nu boga sifat baha ka pangeran. jeung resep ngagoda manusa sangkan mengpar ti jalan bebeneran. dina kur'an kasebut, yen iblis, jin, malekat, manusa teh mahluk. jijieunan pangeran.
naha enya pangeran nyieun setan pikeun jadi musuhna? cek kuring mah lain. setan dijieun pikeun bahan ujian bangsa manusa jeung jin. naha maranehna bisa naek kelas, jadi manusa atawa jin nu leuwih mulya atawa hanteu. mun dina dunya manusa mah setan teh cara ujian nasional, nu jadi parameter barudak sakola bisa neruskeun ka tingkat nu leuwih luhur atawa hanteu. heuheu pikiran kuring nu sejen, lamun setan musuh allah, atuh karunya si setan teh. ngabodo-bodo ka si setan. nyieun mumusuhan ka nu teu papak. padahal manehna nyaho (iman manusa wae mah eleh ku nu ngaranna iman iblis) kumaha maha kawasana pangeran. nu ngaranna musuh (mun di dunya manusa) pan kudu dileungitkeun. tah perkara ngaleungitkeun setan keur allah mah atuh kacida gampangna. tapi da geuning teu kajadian, ieu mah karah setan diidinan boga pancen nu kacida ngeunahna. malah tugas pangenahna rarasaan mah. di dieu tembongna sipat allah, ar rahman. setan nu baha angger di bere pancen pangeunahna heuheu kacindekan kuring mah: setan cara manusa mahluk 'boga' allah, nu oge boga pancen, boga cara ibadah sewang-sewangan. manusa ibadahna ku cara ngalaksanakeun parentah bari ngajauhan laranganna, sedeng setan ibadahna ku cara ngadoja manusa mengpar tina pancenna. mun enya ge setan teh musuh. lain keur allah. tapi keur manusa :) :) sugan duq 2009/4/29 Urang Sunda Hudang Euyyy <[email protected]> > > ari setan saha pan musuh allah terus jelema nu ngaruksa kana syariat pan > jelama nu nurut kana kahayang setan > ._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

