Bade nambihan sakedik tiasa merennya kang?
1. nu disebat urang sunda nyaeta nu reues jeng nu ngarasa mibanda sareng 
ngamumule kana budaya sunda
     saperti ngajarkan budak make bahasa sunda nu hade tur merenah
2. sami waleran sim kuring oge seer pisan
3. salah sahijina, wayang golek, calung, penca cek kolot mah nu di sebut maenpo 
tea
4. sami 

hatur nuhu
wasalam 
urang kidul tea

  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, May 04, 2009 7:43 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda






  1. Nu ngaku dirina urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu sejen.
  2. Seueur.
  3. Galendo, bedog/golok, lisung, samak, boboko, aseupan, pipiti, tingkem jste.
  4. Rumah Baca Buku Sunda, alamat tingali di 
http://rumahbacabukusunda.blogspot.com 

  MSas 


    ----- Original Message ----- 
    From: Taupik Nurhidayat 
    To: [email protected] 
    Sent: Saturday, May 02, 2009 5:27 PM
    Subject: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda


    Assalamaulaikum,

    Simkuring bade ngawanohkeun diri.
    Nami : Taupik Nurhidayat
    Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu halal
    Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis

    Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku 
urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu nembe 
sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok sananos 
ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang panginten..

    dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
    1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
    2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka 
ayeuna sabaraha hiji ?
    3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
    4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?

    Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse

        



  

Kirim email ke