muhun Leres pisan eta oge urang sunda keneh komo pami sadidintena di bumi na ngangge bahasa sunda mah maenya eleh ku urang deungen, lila ngumbara di indonesia tapi sapopoe di bumina ngangge bahasa na (bahasa sorangan)
Justru abdi mah sok reues mun aya dulur urang, enya urang sunda heg ngumbara di nagara deungen terus pentas nembongkeun jati diri Ki Sunda Hatur nuhun Wasalam Urang Kidul tea ----- Original Message ----- From: H Surtiwa To: [email protected] Sent: Tuesday, May 05, 2009 6:37 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda Ari nomer hiji mah tetep wae hese ..Urang Sunda mah na urang Suda dumasar kana getih (sangninus). Memeangna upama aya Urang Sunda anak Mang Karta sareng Nyi Emok anu ngumbara di New Caledonia, sapope make basa perancis..naha eta lain Urang Sunda ? On 5/4/09, Satria Pinandita <[email protected]> wrote: Bade nambihan sakedik tiasa merennya kang? 1. nu disebat urang sunda nyaeta nu reues jeng nu ngarasa mibanda sareng ngamumule kana budaya sunda saperti ngajarkan budak make bahasa sunda nu hade tur merenah 2. sami waleran sim kuring oge seer pisan 3. salah sahijina, wayang golek, calung, penca cek kolot mah nu di sebut maenpo tea 4. sami hatur nuhu wasalam urang kidul tea ----- Original Message ----- From: MSasmita To: [email protected] Sent: Monday, May 04, 2009 7:43 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda 1. Nu ngaku dirina urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu sejen. 2. Seueur. 3. Galendo, bedog/golok, lisung, samak, boboko, aseupan, pipiti, tingkem jste. 4. Rumah Baca Buku Sunda, alamat tingali di http://rumahbacabukusunda.blogspot.com MSas ----- Original Message ----- From: Taupik Nurhidayat To: [email protected] Sent: Saturday, May 02, 2009 5:27 PM Subject: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda Assalamaulaikum, Simkuring bade ngawanohkeun diri. Nami : Taupik Nurhidayat Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu halal Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang panginten.. dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu 1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ? 2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka ayeuna sabaraha hiji ? 3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua). 4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda? Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse

