nambdihan no hiji kang ah..
1. urang sunda mun panggih jeung urang sunda deui ngomongna pasti kubasa
sunda, ngabudayakan basa sunda, tiimah (pamajikan/salaki jeung barudak)
tatangga timimit gigireun imah nepi ka pa rw ...

eta wungkul nambahanan,

2009/5/4 Satria Pinandita <satriapinand...@gmail.com>

>
>
>  Bade nambihan sakedik tiasa merennya kang?
> 1. nu disebat urang sunda nyaeta nu reues jeng nu ngarasa mibanda
> sareng ngamumule kana budaya sunda
>      saperti ngajarkan budak make bahasa sunda nu hade tur merenah
> 2. sami waleran sim kuring oge seer pisan
> 3. salah sahijina, wayang golek, calung, penca cek kolot mah nu di sebut
> maenpo tea
> 4. sami
>
> hatur nuhu
> wasalam
> urang kidul tea
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* MSasmita <kuringm...@gmail.com>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Monday, May 04, 2009 7:43 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda
>
>  1. Nu ngaku dirina urang Sunda tur diaku urang Sunda ku nu sejen.
> 2. Seueur.
> 3. Galendo, bedog/golok, lisung, samak, boboko, aseupan, pipiti,
> tingkem jste.
> 4. Rumah Baca Buku Sunda, alamat tingali di
> http://rumahbacabukusunda.blogspot.com
>
> MSas
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Taupik Nurhidayat <anoer...@gmail.com>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Saturday, May 02, 2009 5:27 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda
>
>  Assalamaulaikum,
>
> Simkuring bade ngawanohkeun diri.
> Nami : Taupik Nurhidayat
> Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu
> halal
> Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis
>
> Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku
> urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu
> nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok
> sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang
> panginten..
>
> dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
> 1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
> 2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka
> ayeuna sabaraha hiji ?
> 3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
> 4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?
>
> Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse
>
>
>
>   
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
+62 812 837 7662
www.garutleather.com
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com

Kirim email ke